Pindah kana eusi

Naha Alkitab Bisa Ngabantu Lamun Urang Déprési?

Naha Alkitab Bisa Ngabantu Lamun Urang Déprési?

Jawaban Alkitab

 Bisa, ku sabab bantuan nu panghadéna téh asalna ti ”Allah, anu salawasna sok ngagedekeun hate anu keur leungit harepan.”—2 Korinta 7:6.

Kumaha cara Allah ngabantu nu déprési?

  •   Méré kakuatan. Allah ”ngagedekeun hate” Sadérék, lain ku cara nyingkirkeun masalahna, tapi ku cara ngajawab doa Sadérék waktu Sadérék ngadoa ménta kakuatan. (Pilipi 4:13) Sadérék bisa yakin Mantenna bakal ngadangu doa Sadérék. Alkitab ngomong, ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.” (Jabur 34:19) Malah, waktu Sadérék sasambat ka Allah, Mantenna bisa ngarti kana parasaan Sadérék sanajan teu bisa diucapkeun ku omongan.—Rum 8:26, 27.

  •   Méré tuladan. Salah sahiji nu nulis Alkitab ngadoa, ”Ti jero jungkrang kabalangsakan abdi jumerit, nun PANGERAN!” Nu nulis Jabur nyanghareupan déprésina ku cara mikirkeun yén Allah téh ngahampura dosa urang. Manéhna ngomong, ”Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana? Nanging da Gusti kersa ngahampura, ku margi kitu abdi-abdi bade tumut ka Gusti kalayan hormat.”—Jabur 130:1, 3, 4.

  •   Méré harepan. Salian panglilipur nu ditarima ku urang ayeuna, engké Allah gé jangji pikeun nyingkirkeun kabéh masalah nu nyababkeun urang déprési. Waktu jangji-Na laksana, ”sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget.”—Yesaya 65:17.

 Catetan: Salian bantuan nu disadiakeun ku Allah, Saksi-Saksi Yéhuwa ogé upaya pikeun ngubaran panyakitna, saperti déprési klinis. (Markus 2:17) Saksi-Saksi Yéhuwa teu nangtukeun mana pangobatan nu kudu dipilih, sabab unggal jalma boga hak pikeun nangtukeunana sorangan.