Pindah kana eusi

Naha Alkitab téh Buku nu Ditulis pikeun Kabéh Bangsa?

Naha Alkitab téh Buku nu Ditulis pikeun Kabéh Bangsa?

Jawaban Alkitab

 Alkitab jelas-jelas némbongkeun yén Allah hoyong jalma-jalma ti kabéh bangsa diajar jalan-jalan-Na. Nabi Yésaya nulis, ”Rahayat eta bangsa-bangsa bakal silih ajak: ’Hayu urang naranjak ka pasir, pangcalikan PANGERAN, urang ka Baitna Allah Israil. Engke urang ku Mantenna diwulang pilampaheun, sangkan napak kana jalan pituduh-Na.’” (Yesaya 2:3) Alkitab ogé teu nunjukkeun yén aya hiji bangsa nu leuwih unggul ti bangsa séjén. Dina Alkitab dicatet, ”Mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”—Rasul 10:34, 35.