Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Basa Roh?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Basa Roh?

Jawaban Alkitab

 ”Basa roh” téh kamampuh nu dibikeun ka sababaraha urang Kristen abad kahiji sacara mujijat, jadi maranéhna bisa ngomong basa séjén tapi teu kudu diajar heula. (Rasul 10:46, Sunda Formal [SF]) Nu diomongkeun ku maranéhna téh bisa dipikaharti ku jalma nu maké basa éta. (Rasul 2:4-8) Ieu téh salah sahiji kurnia nu asalna ti roh suci Allah pikeun sababaraha urang Kristen di abad kahiji.​—Ibrani 2:4; 1 Korinta 12:4, 30.

 Di mana jeung iraha mimitina basa roh téh?

 Mimitina, mujijat ieu téh kajadian di Yérusalém waktu keur aya Perayaan Péntakosta urang Yahudi 33 M. Kira-kira 120 murid Yésus nu keur ngumpul ”kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen”. (Rasul 1:15; 2:1-4) Loba jalma ”ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya” nu keur aya di Yérusalém ”ngadarenge rasul-rasul salasauran dina basa-basa maranehna masing-masing”.​—Rasul 2:5, 6.

 Naon tujuanana basa roh?

  1.   Pikeun némbongkeun yén urang Kristen dirojong ku Allah. Di jaman baheula, mujijat téh tanda yén Allah ngarojong hamba-Na nu satia saperti Musa. (Budalan 4:1-9, 29-31; Bilangan 17:10) Basa roh ogé boga tujuan nu sarua nyaéta némbongkeun yén Allah ngarojong sidang Kristen nu kakara diadegkeun. Rasul Paulus nulis, ”Eta tanda kurnia kamampuh ngomong ku basa-basa Roh teh pikeun jelema-jelema anu tacan percaya, lain pikeun anu geus palercaya.”​—1 Korinta 14:22.

  2.   Sangkan urang Kristen bisa méré kasaksian ka loba jalma. Jalma-jalma nu ngadéngékeun murid-murid Yésus dina poé Péntakosta ngomong, ”Kabeh ngarti ka nu diucapkeun ku aranjeunna dina basa urang masing-masing, nyaurkeun hal padamelan Allah anu arajaib.” (Rasul 2:11) Ku kituna, tujuan penting ti mujijat éta téh nyaéta sangkan urang Kristen bisa ”ngembarkeun Injil Kasalametan” sarta ’kabeh bangsa dijadikeun murid’ sakumaha nu diparéntahkeun ku Yésus. (Rasul 10:42; Mateus 28:19, SF) Poé éta kénéh, kira-kira 3.000 jalma nu ningali mujijat jeung ngadéngékeun kasaksian jaradi murid.​—Rasul 2:41.

 Naha basa roh bakal terus aya?

 Moal. Kurnia ti roh suci, kaasup basa roh, ngan keur saheulaanan. Alkitab nganubuatkeun, ”Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna.”​—1 Korinta 13:8.

 Iraha leungitna basa roh?

 Kurnia ti roh suci umumna dibikeun ka urang Kristen liwat para rasul, biasana ku cara numpangkeun leungeun ka éta jalma. (Rasul 8:18; 10:44-46) Tapi, nu narimana teu bisa mikeun deui éta kurnia ka batur. (Rasul 8:5-7, 14-17) Ibaratna kieu, pajabat pamaréntah bisa ngaluarkeun SIM keur hiji jalma, tapi jalma nu narima SIM teu bisa ngaluarkeun SIM deui keur batur. Sigana, kurnia basa roh leungit waktu para rasul jeung jalma-jalma nu narima kurnia éta maraot.

 Naha ayeuna masih kénéh aya basa roh?

 Kurnia basa roh geus leungit ti saprak abad kahiji. Kiwari, jalma nu bisa basa roh teu bisa ngaku-ngaku yén éta téh asalna ti kawasa Allah. a

 Naon ciri urang Kristen sajati?

 Yésus ngomong yén kanyaah nu teu mentingkeun diri bakal jadi ciri muridna. (Yohanes 13:34, 35) Sarupa kitu, Rasul Paulus ogé ngajarkeun yén kanyaah bakal terus jadi ciri urang Kristen sajati. (1 Korinta 13:1, 8) Manéhna nyebutkeun yén roh suci bakal ngahasilkeun sipat-sipat nu disebut ’buah padamelan roh’ dina diri urang Kristen. Sipat nu mimiti disebut téh kanyaah.​—Galata 5:22, 23, SF.