Pindah kana eusi

Naha Alkitab Ngajarkeun yén Bumi téh Datar?

Naha Alkitab Ngajarkeun yén Bumi téh Datar?

Jawaban Alkitab

 Henteu, Alkitab teu ngajarkeun yén bumi téh datar. a Mémang, Alkitab téh lain buku sains. Sanajan kitu, eusi Alkitab teu papalingpang jeung sains. Naon nu diajarkeun Alkitab ”bisa diandelkeun salawasna”.—Jabur 111:8, Terjemahan Dunia Baru, (NW).

 Naon nu dimaksud ku ”opat pojok jagat” dina Alkitab?

 Kekecapan ”opat pojok jagat” jeung ”tungtung jagat” nu aya dina Alkitab henteu bener-bener ngamaksudkeun yén bumi téh kotak atawa aya tungtungna. (Yesaya 11:12; Ayub 37:3) Tapi, ieu téh istilah kiasan nu ngamaksudkeun sakabéh permukaan bumi. Alkitab ogé ngamaksudkeun hal nu sarua waktu nyebutkeun opat arah mata angin dina kompas.—Lukas 13:29.

 Istilah Ibrani ”pojok” atawa ”tungtung” téh katingalina istilah kiasan nu asalna tina kecap ”jangjang”. The International Standard Bible Encyclopedia nyebutkeun, ”Lantaran jangjang manuk biasana dipaké pikeun nutupan anak-anakna, [istilah Ibrani ieu] boga harti tungtung tina naon waé anu dibébérkeun.” Sumber nu sarua ogé nyebutkeun yén dina Ayub 37:3 jeung Yesaya 11:12, ”istilah ieu ngamaksudkeun basisir, wates-wates, atawa tungtung daratan”. b

 Naon maksud kekecapan Sétan waktu ngagoda Yésus?

 Waktu digoda, ”Yesus ku Iblis dibawa ka hiji gunung kacida luhurna, ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana”. (Mateus 4:8) Aya nu nganggap ayat ieu téh ngajarkeun yén urang bisa ningali sakuliah bumi tina hiji tempat di bumi nu datar. Tapi, katingalina ”gunung kacida luhurna” dina ayat ieu téh lain tempat nu bener-bener aya. Perhatikeun ku naon ieu téh asup akal.

  •   Euweuh gunung di bumi nu bisa dijadikeun tempat pikeun ningali sakabéh karajaan di bumi.

  •   Nu ditémbongkeun ku Iblis ka Yésus téh lain kabéh karajaan wungkul, tapi ogé ”sagala kaagunganana”. Rincian-rincian éta moal bisa ditingali ti tempat nu jauh pisan, jadi katingalina Sétan méré titingalian ka Yésus. Ieu bisa disaruakeun jeung saurang jalma nu ngagunakeun proyéktor pikeun némbongkeun gambar rupa-rupa tempat di bumi dina layar.

  •   Dina carita nu sarua di Lukas 4:5, ku Iblis, Yésus ”sakolepat ditembongan sakabeh karajaan di alam dunya”. Éta téh mustahil ditingali ku panon manusa biasa. Jadi, Iblis némbongkeun hal-hal éta ku ngagunakeun cara-cara nu teu bisa ditingali ku panon manusa.

a Alkitab nyebutkeun yén Allah téh ”Pribadi nu linggih di luhureun bumi nu buleud”. (Yesaya 40:22, NW) Sababaraha buku réferénsi ngahartikeun kecap nu ditarjamahkeun jadi ”buleud” di ayat ieu sabagé barang nu wangunna siga bola. Sanajan kitu, henteu kabéh ahli satuju kana hal ieu. Nu pasti mah, Alkitab henteu ngadukung pandangan ngeunaan bumi nu datar.

b Édisi Révisi, Jilid 2, kaca 4.