Pindah kana eusi

Saha Mikail Sang Pamingpin Malaikat téh?

Saha Mikail Sang Pamingpin Malaikat téh?

Jawaban Alkitab

 Mikail, nu ku sababaraha agama disebut ”Santo Mikael” téh, nyaéta ngaran séjén ti Isa saacan jeung sanggeus kahirupanana di bumi. a Mikail pagétréng jeung Sétan sanggeus Musa maot. Manéhna ogé nu mantuan hiji malaikat nepikeun warta ti Allah ka Nabi Daniél. (Daniel 10:13, Terjemahan Dunia Baru; Daniel 10:20, 21; Yudas 9) Harti ngaran Mikail téh nyaéta ”Saha nu Saperti Allah?” Mikail hirup sajalan jeung harti ngaranna ku sabab manéhna téh ngabéla Pamaréntahan Allah jeung ngalawan musuh-musuh-Na.​—Daniel 12:1; Wahyu 12:7.

 Perhatikeun naon buktina yén Mikail sang pamingpin malaikat téh nyaéta Isa.

  •   Mikail téh ”pamingpin malaikat”. (Yudas 9) Istilah ”pamingpin malaikat” ngan muncul dua kali dina Alkitab. Duanana ngagunakeun bentuk kecap nu ditujukeun keur saurang jalma, lain keur loba jalma. Jadi, ngan saurang malaikat nu boga sebutan éta. Salah sahiji ayat nyebutkeun, Isa nu geus dihirupkeun deui ”bakal turun ti sorga jeung méré paréntah ku sora pamingpin malaikat”. (1 Tésalonika 4:​16) Isa boga ”sora pamingpin malaikat” sabab nya manéhna Mikail sang pamingpin malaikat téh.

  •   Mikail téh pamingpin pasukan malaikat. ”Mikail jeung para malaikatna merangan naga éta”, nyaéta Sétan. (Wahyu 12:7) Mikail boga kawasa nu gedé pisan ka mahluk roh. Ku kituna, manéhna disebut ”salah sahiji pamingpin nu pangluhurna” jeung ”malaikat agung”. (Daniel 10:13, Terjemahan Dunia Baru; Daniel 10:20, 21; 12:1) Saurang ahli Perjangjian Anyar nu ngaranna David E. Aune nyebutkeun, sebutan-sebutan éta nunjukkeun yén Mikail téh ”komandan pasukan malaikat”.

     Alkitab ngan nyebutkeun hiji ngaran séjén nu boga kawasa ka pasukan malaikat. Ceuk Alkitab, ”Juragan Isa némbongkeun dirina ti sorga bareng jeung para malaikatna nu kuat dina seuneu nu ngagedur.” (2 Tésalonika 1:​7, 8; Matius 16:27) Isa ”geus naék ka sorga. Para malaikat, pajabat, jeung pangawasa, sakabéhna disina tunduk ka manéhna”. (1 Pétrus 3:​21, 22) Teu asup akal mun Isa jeung Mikail ditunjuk ku Allah pikeun saingan mingpin para malaikat. Jadi, leuwih asup akal lamun urang nyimpulkeun yén Isa jeung Mikail téh pribadi nu sarua.

  •   Mikail ”bakal nangtung” waktu aya ”mangsa kasusah” nu can pernah kajadian. (Daniel 12:1, Terjemahan Dunia Baru) Dina kitab Daniel, kecap ”nangtung” sering ngamaksudkeun saurang raja nu ngejat tina tahtana pikeun nyieun tindakan. (Daniel 11:2-4, Terjemahan Dunia Baru; Daniel 11: 21, Terjemahan Dunia Baru) Isa Al-Masih nu disebut ”Firman Allah” bakal nyieun tindakan sabagé ”Rajana sakabéh raja” pikeun ngéléhkeun kabéh musuh Allah jeung ngalindungan umat-Na. (Wahyu 19:11-16) Manéhna bakal ngalakukeunana dina ”kasangsaraan nu kacida hébatna nu can pernah kajadian ti mimiti ayana dunya nepi ka ayeuna”.​—Matius 24:21, 42.

a Dina Alkitab, saurang jalma osok disebut ku ngaran nu béda. Misalna, Yakub disebut Israél, Pétrus disebut Simon, jeung Tadéus disebut Yudas.​—Kajadian 49:​1, 2; Matius 10:​2, 3; Markus 3:​18; Kisah 1:​13.