Pindah kana eusi

Naha Yésus téh Allah Nu Maha Kawasa?

Naha Yésus téh Allah Nu Maha Kawasa?

Jawaban Alkitab

 Musuh-musuh Yésus nuduh yén anjeunna nyaruakeun diri jeung Allah. (Yohanes 5:18; 10:30-33) Tapi, Yésus teu pernah nganggap dirina sarua jeung Allah Nu Maha Kawasa. Malah anjeunna ngomong, ”Rama mah leuwih agung ti batan Kami.”—Yohanes 14:28.

 Murid-murid Yésus di abad kahiji teu nganggap Yésus sarua jeung Allah Nu Maha Kawasa. Contona sanggeus Yésus dihirupkeun deui, Rasul Paulus nulis yén Yésus téh ”ku Allah dijungjung luhur”. Jelas, Paulus teu nganggap yén Yésus téh Allah Nu Maha Kawasa. Lamun Yésus téh Allah, maenya anjeunna ngajungjung diri sorangan ka posisi nu leuwih luhur?—Pilipi 2:9.