Jabur 78:1-72

  • Allah ngalindungan, tapi Israél teu boga iman

    • Méré nyaho ka génerasi nu bakal datang (2-8)

    • ’Maranéhna teu boga iman ka Allah’ (22)

    • ”Sisikian ti langit” (24)

    • ”Maranéhna nganyenyeri Allah Israél Nu Suci” (41)

    • Ti Mesir nepi ka Nagri nu Dijangjikeun (43-55)

    • ”Maranéhna teterusan nangtang ka Allah” (56)

Maskil.* Jabur karangan Asaf. 78  Dulur-dulur, dangukeun pangajaran* abdi. Dangukeun kekecapan abdi.   Biwir abdi bakal ngucapkeun paribasa. Abdi bakal nyebutkeun tatarucingan jaman baheula.   Sagala nu didéngé jeung dipikanyaho ku urang,Nu dicaritakeun ku karuhun urang,   Moal bakal disumputkeun ti turunan maranéhna. Urang bakal nyaritakeun éta ka turunan nu bakal datang,Nyaéta tindakan Yéhuwa nu layak dipuji, kakuatana-Na,Sarta hal-hal hébat nu dipidamel ku Anjeunna.   Anjeunna masihan aturan ka YakubSarta netepkeun hukum di Israél. Anjeunna maréntahkeun karuhun urangPikeun nyaritakeun ieu kabéh ka barudakna.   Ku kituna, génerasi nu bakal datang,Nyaéta anak-anak nu bakal dilahirkeun, bakal nyaho kana ieu kabéh,Tuluy maranéhna bakal nyaritakeun deui ka barudakna.   Ku jalan kitu, barudakna bakal percaya ka Allah. Maranéhna moal bakal mopohokeun tindakan Allah,Tapi bakal nurut kana paréntah-Na.   Jadi, maranéhna moal bakal siga karuhunna,Nu bedegong jeung resep barontak,Nu haténa teu pengkuh,*Jeung nu teu satia ka Allah.   Urang Éfraim, sakitu marawa busur panah gé,Ari der perang mah malundur. 10  Maranéhna teu satia kana perjangjianana jeung AllahSarta teu nurut kana hukum Anjeunna. 11  Maranéhna gé mopohokeun naon nu geus dilampahkeun ku Anjeunna,Tindakan Anjeunna nu harébat nu ditémbongkeun ka maranéhna. 12  Anjeunna ngalampahkeun hal-hal nu hébat di hareupeun karuhun maranéhna,Di tanah Mesir, di daérah Zoan. 13  Laut ku Anjeunna dibeulah ngarah maranéhna bisa meuntas,Caina disina ngadingding kawas témbok.* 14  Beurang-beurang, Anjeunna nungtun maranéhna ku awan. Peuting-peuting, Anjeunna nungtun maranéhna ku cahaya seuneu. 15  Gunung batu di tanah gurun dibeulah ku Anjeunna. Maranéhna disina nginum saseubeuhna kawas nginum tina cai nu jero. 16  Anjeunna ngocorkeun cai tina cadas,Caina ngalir kawas walungan. 17  Tapi maranéhna haben baé ngalampahkeun dosa ka Nu Maha Agung,Maranéhna barontak ka Anjeunna di gurun keusik. 18  Maranéhna ngahaja nangtang* ka Allah,Marénta dahareun kahayangna. 19  Maranéhna nangtang kieu ka Allah,”Mémangna Allah sanggup nyadiakeun dahareun di tanah gurun?” 20  Anjeunna nu neunggeul gunung batu,Cor cai ngagolontor kacida lobana. Tapi ceuk maranéhna, ”Sanggup kitu Anjeunna nyadiakeun roti keur urangAtawa daging keur umat-Na?” 21  Ngadéngé kitu, Yéhuwa ambek pisan. Seuneu ti Anjeunna nyamber Yakub,Amarahna ngagedur ka Israél 22  Lantaran maranéhna teu boga iman ka Anjeunna. Maranéhna teu percaya Anjeunna sanggup nyalametkeun maranéhna. 23  Jadi Anjeunna méré paréntah ka awan-awan di langit,Tuluy Anjeunna muka panto-panto di langit. 24  Anjeunna terus nurunkeun manna keur dahareun maranéhna. Anjeunna nurunkeun sisikian ti langit. 25  Manusa ngadahar roti ti sorga,*Éta disadiakeun ku Anjeunna nepi ka maranéhna seubeuh. 26  Ku kawasa-Na, angin wétan ngahiuk di langitSarta angin kidul ngagelebug. 27  Anjeunna nurunkeun daging nu lobana lir kekebul keur maranéhna,Nyaéta manuk-manuk nu lobana lir keusik di basisir. 28  Éta kabéh disina maruragan di tengah-tengah pakémahan umat-Na,Di sakurilingeun kémah-kémah umat-Na. 29  Maranéhna dalahar nepi ka kamerekaan. Anjeunna masihan naon nu dipikahayang ku maranéhna. 30  Tapi saacan maranéhna bener-bener puas,Pas keur ngagayem kénéh, 31  Amarah Allah ngagedur ka maranéhna. Jalma-jalma nu pangkuatna diparaéhan ku Anjeunna,Pamuda-pamuda Israél ditumpes ku Anjeunna. 32  Sanajan geus dikitukeun gé, maranéhna kalah ka teterusan ngalampahkeun dosa. Sanajan Allah milampah nu harébat, angger wéh maranéhna teu boga iman. 33  Jadi, kahirupan maranéhna dianggeuskeun ku Anjeunna lir napas sarénghap. Anjeunna ngadatangkeun musibat nu ngadadak pikeun numpes maranéhna. 34  Tapi unggal Allah maéhan sababaraha ti antara maranéhna, kakara maranéhna naréangan Anjeunna. Maranéhna baralik deui sarta naréangan Allah, 35  Aringeteun Allah téh Gunung Batu maranéhna,Aringeteun Allah Nu Maha Agung téh Panebus maranéhna. 36  Tapi maranéhna nyoba-nyoba rék nipu Anjeunna ku biwir maranéhnaSarta ngabohong ka Anjeunna ku létah maranéhna. 37  Haté maranéhna teu pengkuh ka Anjeunna. Maranéhna gé teu satia kana perjangjian jeung Anjeunna. 38  Tapi Anjeunna téh karunyaan. Anjeunna ngahampura kasalahan maranéhna sarta teu ngabinasakeun maranéhna. Anjeunna sering nahan kaambek-Na. Anjeunna henteu ngumbar amarah-Na. 39  Anjeunna inget maranéhna téh ngan saukur manusa,Lir angin nu ngaliwat jeung teu balik deui.* 40  Sakitu seringna maranéhna barontak ka Anjeunna di tanah gurun. Maranéhna nganyenyeri haté Anjeunna di gurun keusik! 41  Maranéhna téh teterusan ngadoja Allah. Maranéhna nganyenyeri Allah Israél Nu Suci. 42  Maranéhna geus poho kana kawasa* Anjeunna,Waktu Anjeunna nyalametkeun* maranéhna ti musuh, 43  Waktu Anjeunna ngayakeun tanda-tanda di Mesir,Waktu Anjeunna nyieun mujijat di daérah Zoan, 44  Sarta waktu Anjeunna ngarobah aliran-aliran cai Walungan Nil jadi getihNgarah urang Mesir teu baroga cai keur nginum. 45  Anjeunna ngadatangkeun laleur* sina ngagembrong jeung nyiksa maranéhnaSarta ngadatangkeun bangkong sina nyangsarakeun maranéhna. 46  Hasil panén maranéhna ku Anjeunna dibikeun ka simeut nu rakus,Hasil banting tulang maranéhna dibikeun ka simeut nu loba. 47  Anjeunna ngancurkeun tangkal anggurJeung tangkal ara maranéhna ku hujan és. 48  Sasatoan maranéhna dipaéhan ku hujan és,Ingon-ingon maranéhna gé disamberan ku kilat. 49  Amarah Anjeunna ngagedur ka maranéhna. Anjeunna ambek jeung narajang maranéhna ku kasusah. Anjeunna ngutus pasukan malaikat sina ngadatangkeun musibat. 50  Anjeunna ngabudalkeun amarah-Na,Henteu nahan-nahan pikeun ngahukum maranéhna. Anjeunna maéhan sarta ngabasmi maranéhna* ku wabah panyakit. 51  Ahirna Anjeunna maéhan sakabéh anak cikal di Mesir,Anak kahiji* nu lahir di kémah-kémah Ham. 52  Geus kitu, Anjeunna nuyun umat-Na budal ti MesirSarta nungtun maranéhna di tanah gurun lir nungtun kumpulan domba. 53  Anjeunna ngabingbing jeung ngajaga maranéhna,Ku kituna maranéhna teu ngarasa sieun. Musuh-musuh maranéhna digulung ku laut. 54  Maranéhna dibawa ku Anjeunna ka tanah-Na nu suci,Daérah pagunungan nu ditalukkeun ku kakuatana-Na. 55  Anjeunna ngusir bangsa-bangsa ti hareupeun maranéhna. Anjeunna ngabagikeun warisan nu geus diukur keur maranéhnaSarta nempatkeun kaom-kaom Israél di imahna masing-masing. 56  Tapi maranéhna teterusan nangtang* ka Allah Nu Maha Agung sarta barontak ka Anjeunna. Maranéhna henteu paduli sanajan geus diingetan ku Anjeunna. 57  Maranéhna gé ninggalkeun sarta ngahianat ka Anjeunna kawas karuhunna. Maranéhna teu bisa dipercaya lir busur panah nu kendor. 58  Maranéhna terus nganyenyeri haté Anjeunna ku tempat-tempat pamujaan*Sarta mancing amarah-Na ku patung-patung maranéhna. 59  Ningali kitu, Allah téh ambek,Jadi Israél bener-bener ditolak ku Anjeunna. 60  Tungtungna, Anjeunna ninggalkeun tabernakel di Syilo,Kémah tempat linggih Anjeunna di antara manusa. 61  Anjeunna ngantep lambang kakuatana-Na direbut ku musuh,Ngantep lambang kaéndahana-Na dirampas ku lawan. 62  Umat-Na diantep sina diparaéhan ku pedang. Anjeunna ambek ka maranéhna.* 63  Para pamuda-Na diduruk ku seuneu,Sarta euweuh nu ngawihkeun lagu perkawinan keur para parawan-Na.* 64  Imam-imam-Na tariwas ku pedang,Sarta randa-randa maranéhna teu nyaleungceurikan. 65  Tuluy Yéhuwa cengkat lir gugah tina kulem,Lir jalma gagah anu sadar sanggeus mabok ku cianggur. 66  Musuh-musuh-Na diéléhkeun nepi ka malundur. Maranéhna disina éra salilana. 67  Anjeunna nolak kémah Yusuf,Anjeunna teu milih kaom Éfraim. 68  Tapi Anjeunna milih kaom Yéhuda,Gunung Zion, nu dipikanyaah ku Anjeunna. 69  Anjeunna ngadegkeun tempat suci-Na sina tetep aya kawas langit,*Kawas bumi nu diadegkeun ku Anjeunna pikeun salilana. 70  Anjeunna milih Daud hamba-Na,Dicandakna ti antara kandang-kandang domba, 71  Ti tempat ngurus domba nu keur nyusuan. Manéhna dijadikeun pangangonna Yakub, umat-Na,Sarta Israél, milik-Na. 72  Manéhna sapinuh haté ngangon maranéhnaSarta tarampil nungtun maranéhna.

Catetan Tambihan

Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”hukum”.
As. ”teu siap”.
Atawa ”bendungan”.
As. ”ngadoja”.
Atawa ”ti para malaikat”. As. ”ti mahluk-mahluk perkasa”.
Atawa ”Nu nyawana leungit jeung teu balik deui”.
As. ”panangan”.
As. ”nebus”.
Laleur nu bisa nyoco.
As. ”nyawa maranéhna”.
Atawa ”Nu mimiti tina kakuatan maranéhna”.
As. ”ngadoja”.
As. ”tempat-tempat luhur”.
As. ”warisana-Na”.
As. ”Sarta para parawan-Na teu dipuji”.
As. ”tempat suci-Na kawas tempat nu luhur”.