Kisah Para Rasul 7:1-60

  • Stéfanus ngomong di hareupeun Sanhédrin (1-53)

    • Sajarah karuhun Israél (2-16)

    • Musa jadi pamingpin; Israél nyembah berhala (17-43)

    • Allah teu cicing di tempat nu dijieun ku manusa (44-50)

  • Stéfanus dibalédogan (54-60)

7  Terus imam agung nanya, ”Éta téh bener, kitu?”  Stéfanus ngajawab, ”Sadérék-sadérék jeung bapa-bapa sadaya, dangukeun. Allah nu mulya némbongan ka Ibrahim, karuhun urang, waktu cicing di Mésopotamia, saacan pindah ka Haran.  Allah ngomong, ’Geura indit ti nagri jeung baraya manéh, pindah ka nagri nu bakal ditunjukkeun ku Kuring.’  Jadi manéhna indit ti nagri urang Khaldéa tuluy matuh di Haran. Ti dinya, sanggeus bapa manéhna maot, Allah nitah manéhna indit ka nagri nu ayeuna dicicingan ku aranjeun.  Tapi Allah teu méré tanah warisan saeutik-eutik acan di dinya, ngan ngajangjikeun yén éta tanah bakal jadi milik manéhna jeung turunanana,* sanajan harita manéhna can boga budak.  Salian ti éta, Allah ngabéjaan Ibrahim yén turunanana* bakal jadi urang asing di nagri batur. Ku jalma-jalma di ditu, maranéhna bakal diperbudak jeung ditindes salila 400 taun.  Ceuk Allah, ’Kuring bakal ngahakiman bangsa nu nindes maranéhna. Geus kitu, maranéhna bakal kaluar jeung ngajalankeun palayanan suci ka Kuring di tempat ieu.’  ”Anjeunna gé nyieun perjangjian sunat jeung manéhna. Tuluy manéhna boga budak nyaéta Ishak nu disunatan dina poé nu kadalapan. Geus kitu, Ishak boga budak nyaéta Yakub, jeung Yakub boga 12 putra nu jadi karuhun urang.*  Karuhun-karuhun urang sirik ka Yusuf, tuluy manéhna dijual ka Mesir. Tapi Allah nyarengan manéhna, 10  jeung ngaleupaskeun manéhna tina kasangsaraanana. Waktu manéhna dibawa ka hareupeun Firaun raja Mesir, Allah méré kabijaksanaan jeung ngalantarankeun manéhna dipikaresep ku raja. Ku kituna, manéhna dilantik pikeun ngawasaan Mesir jeung istana raja. 11  Ka dieunakeun, aya bala kalaparan nu parah pisan di sakuliah Mesir jeung Kanaan nepi ka karuhun urang teu boga nanaon jang didahar. 12  Tapi Yakub ngadéngé aya dahareun* di Mesir, jadi manéhna ngutus karuhun-karuhun urang indit ka ditu. Harita téh nu mimiti maranéhna indit ka ditu. 13  Pas indit kadua kalina, Yusuf ngungkabkeun dirina ka dulur-dulurna. Ku kituna, Firaun jadi kenal ka kulawargana Yusuf. 14  Tuluy Yusuf ngirim pesen jeung ménta Yakub, bapana, sarta sakabéh barayana pindah ti éta tempat. Kabéhanana aya 75 urang. 15  Jadi Yakub indit ka Mesir tuluy maot di dinya, kitu ogé jeung karuhun-karuhun urang. 16  Tulang-tulang maranéhna dibawa ka Syikhém jeung dikuburkeun di makam nu dibeuli Ibrahim ku sajumlah duit pérak ti anak-anak Hamor di Syikhém. 17  ”Beuki deukeut kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim, turunan Yakub beuki ngalobaan di Mesir, 18  nepi ka muncul raja séjén di Mesir nu teu kenal ka Yusuf. 19  Manéhna ngalicikan bangsa urang jeung nganiaya karuhun-karuhun urang. Maranéhna dipaksa miceun orokna sina paraéh. 20  Dina mangsa éta, Musa lahir, kasépna téh kabina-bina.* Manéhna diurus* salila tilu bulan di imah bapana. 21  Tapi waktu manéhna kapaksa dipiceun, manéhna diangkat anak ku putri Firaun tuluy digedékeun siga anakna sorangan. 22  Musa diajarkeun sagala élmu urang Mesir. Manéhna téh pinter nyarita, tindakanana gé hébat. 23  ”Basa umur manéhna 40 taun, timbul kahayangna* pikeun ningali kaayaan* dulur-dulurna, nyaéta bangsa Israél. 24  Waktu manéhna ningali salah saurang dulurna dijahatan ku urang Mesir, geuwat dibéla jeung dipangbaleskeun ku cara maéhan urang Mesir éta. 25  Disangkana mah dulur-dulurna bakal ngarti yén Allah ngagunakeun manéhna pikeun ngabébaskeun maranéhna, ari pék téh teu ngartieun. 26  Isukna, manéhna ningali dua di antara maranéhna keur garelut. Ku manéhna dipisahkeun sina akur. Ceuk manéhna, ’Maranéh téh pan dulur, ku naon bet garelut?’ 27  Tapi manéhna kalah ka disuntrungkeun ku salah saurang nu neunggeul baturna jeung ngomong, ’Saha nu ngangkat manéh jadi pamingpin jeung hakim urang? 28  Manéh rék maéhan urang ogé, siga ka urang Mesir kamari?’ 29  Ngadéngé kitu, Musa kabur tuluy matuh di Midian jadi urang asing. Di dinya, manéhna boga dua budak lalaki. 30  ”Sanggeus 40 taun, di gurun keusik deukeut Gunung Sinai, hiji malaikat némbongan ka manéhna dina seuneu hurung di rungkun cucuk. 31  Musa héraneun ningali hal éta. Tapi, barang dideukeutan rék dipariksa, kadéngé sora Yéhuwa, 32  ’Kuring téh Allahna karuhun manéh, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.’ Musa nepi ka ngadégdég, teu wanieun mariksa deui. 33  Yéhuwa ngomong deui, ’Laan sendal manéh, sabab tanah tempat manéh nangtung téh suci. 34  Kuring geus ningali umat Kuring ditindes di Mesir, kadéngé maranéhna tingaraduh. Kuring rék turun nyalametkeun maranéhna. Ayeuna, Kuring rék ngutus manéh ka Mesir.’ 35  Manéhna téh Musa nu ditolak ku maranéhna waktu ngomong, ’Saha nu ngangkat manéh jadi pamingpin jeung hakim?’ Nya manéhna nu diutus ku Allah pikeun jadi pamingpin jeung jurusalamet, ku jalan malaikat nu némbongan dina rungkun cucuk. 36  Jelema ieu nu nungtun maranéhna budal ti Mesir, sarta nu nyieun loba mujijat jeung tanda di Mesir, di Laut Beureum, jeung di gurun keusik salila 40 taun. 37  ”Musa ieu ogé nu ngomong ka bangsa Israél, ’Allah bakal ngalantik saurang nabi saperti urang ti antara bangsa maranéh.’ 38  Musa aya di antara bangsa Israél di gurun keusik. Manéhna aya di dinya bareng jeung karuhun urang sarta bareng jeung malaikat nu ngomong ka manéhna di Gunung Sinai. Manéhna narima sabda nu hirup jeung suci tuluy ditepikeun ka urang. 39  Karuhun urang teu daék nurut ka manéhna, malah nolak manéhna jeung hayang pisan baralik deui ka Mesir. 40  Maranéhna ngomong ka Harun, ’Cik pangnyieunkeun aallahan nu bisa mingpin urang, sabab ayeuna urang teu nyaho kaayaan Musa nu geus nungtun urang budal ti Mesir.’ 41  Jadi maranéhna nyieun patung anak sapi, mawa sasajén ka éta patung, tuluy senang-senang méstakeun barang jijieunanana sorangan. 42  Jadi Allah ninggalkeun jeung ngantep urang Israél nyembah béntang-béntang di langit,* sakumaha nu ditulis dina Kitab Para Nabi, ’Urang Israél, maranéh méré sato nu dipeuncit jeung kurban salila 40 taun di gurun keusik téh lain ka Kuring, pan? 43  Maranéh osok mamawa kémah Molokh jeung bébéntangan Déwa Réfan, patung-patung nu dijieun jeung disembah ku maranéh. Jadi maranéh ku Kuring rék dipiceun ka tempat nu leuwih jauh ti Babilon.’ 44  ”Karuhun urang boga tabernakel* di gurun keusik. Éta téh dijieun sakumaha paréntah Allah ka Musa, luyu jeung conto nu ditingali ku manéhna. 45  Éta jadi milik karuhun urang. Basa karuhun urang jeung Yosua asup ka nagri milik bangsa-bangsa séjén, nu geus dialusiran ku Allah di hareupeun karuhun urang, kémah éta gé milu dibawa jeung tetep aya nepi ka jaman Daud. 46  Daud téh dipikaresep ku Allah jeung manéhna ngomong hayang ngabangun imah keur Allahna Yakub. 47  Tapi nu ngabangun imah keur Anjeunna mah Sulaéman. 48  Sanajan kitu, Nu Maha Agung mah teu cicing di tempat nu dijieun ku manusa, saperti nu disebutkeun ku saurang nabi, 49  ’Sorga téh tahtana Kuring, jeung bumi téh tatapakan suku Kuring. Imah nu siga kumaha nu rék dibangun ku manéh keur Kuring? ceuk Yéhuwa. Atawa, di mana tempat keur Kuring reureuh? 50  Lainna Kuring nu nyieun sagalana téh?’ 51  ”Aranjeun téh baredegong, haté jeung ceulina ditutup.* Aranjeun terus ngalawan kawasa suci kawas karuhun-karuhun aranjeun. 52  Nabi mana nu teu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Maranéhna maéhan saha waé nu ngumumkeun datangna jelema bener éta, nu geus dihianatan jeung dipaéhan ku aranjeun. 53  Aranjeun geus narima Torét nu ditepikeun ku para malaikat, tapi teu dijalankeun.” 54  Barang ngadéngé kitu, maranéhna kacida ambekna nepi ka huntuna tingkereket bari melong ka Stéfanus. 55  Tapi Stéfanus nu pinuh ku kawasa suci tanggah ka langit, bréh katempo kamulyaan Allah jeung Isa nu nangtung di katuhueun Allah. 56  Tuluy ceuk manéhna, ”Tuh tempo, urang ningali langit muka jeung Putra manusa nangtung di katuhueun Allah.” 57  Ngadéngé kitu, maranéhna ngagorowok satarik-tarikna bari narutupan ceuli. Breg maranéhna kabéh ngoroyok Stéfanus. 58  Manéhna diséréd ka luar kota tuluy dibalédogan ku batu. Para saksi palsu neundeun baju luarna di deukeut suku budak ngora nu ngaranna Saulus. 59  Bari dibalédogan ku maranéhna, Stéfanus sasambat, ”Juragan Isa, tampi nyawa abdi.” 60  Tuluy manéhna sideku jeung ngagero ku sora nu tarik, ”Yéhuwa, maranéhna ulah dihukum lantaran ngalakukeun dosa ieu.” Geus kitu, les baé manéhna maot.*

Catetan Tambihan

As. ”binihna”.
As. ”binihna”.
Atawa ”12 putra nu jadi 12 kapala kulawarga”.
Atawa ”gandum”.
Atawa ”kasép dina pandangan Allah”.
Atawa ”digedékeun”.
Atawa ”manéhna mutuskeun”.
Atawa ”manggihan”.
Atawa ”pasukan langit”.
As. ”kémah kasaksian”.
Atawa ”teu disunat”.
As. ”saré”.