Nu Ditulis ku Lukas 21:1-38

  • Randa miskin ngasupkeun dua duit kencring (1-4)

  • TANDA NGEUNAAN NU BAKAL KAJADIAN (5-36)

    • Perang, lini gedé, wabah panyakit, kalaparan (10, 11)

    • Yérusalém dikepung ku pasukan prajurit (20)

    • Waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa (24)

    • Datangna Putra manusa (27)

    • Ibarat ngeunaan tangkal ara (29-33)

    • Kudu tetep sadar (34-36)

  • Isa ngajar di bait (37, 38)

21  Waktu Isa diuk nyanghareup ka kotak-kotak sumbangan, manéhna merhatikeun jalma-jalma beunghar ngasupkeun sumbanganana.  Tuluy manéhna ningali randa miskin ngasupkeun dua duit kencring nu nilaina leutik pisan.*  Manéhna ngomong, ”Tah, sabenerna nu diasupkeun ku randa miskin ieu leuwih loba tibatan nu séjén.  Sabab maranéhna nyumbang téh da boga duit leuwih, ari randa ieu mah miskin, nu disumbangkeun téh sakabéh pangaboga keur nganapkahan dirina.”  Ka dieunakeun, waktu sababaraha jalma muji-muji bait nu dihias ku batu-batu nu aréndah jeung barang-barang nu dibaktikeun ka Allah,  manéhna ngomong, ”Engké bakal aya mangsana, ieu kabéh nu ditingali ku maranéh bakal dirugrugkeun, moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén.”  Tuluy, maranéhna nanya, ”Guru, iraha hal-hal ieu bakal kajadian, jeung naon tandana hal-hal ieu téréh kajadian?”  Ceuk manéhna, ”Kadé, maranéh ulah beunang kabobodo, sabab loba nu bakal datang maké ngaran urang, jeung ngaku-ngaku, ’Urang jelemana,’ jeung ’Waktuna geus téréh.’ Ulah dituturkeun.  Salian ti éta, lamun maranéh ngadéngé dur-derna perang jeung huru-hara,* ulah sieun. Sabab hal-hal ieu kudu kajadian heula, tapi ahir éta moal langsung datang.” 10  Tuluy ceuk Isa ka maranéhna, ”Bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan ogé silih perangan. 11  Bakal aya lini gedé, sarta di mana-mana bakal aya kalaparan jeung wabah panyakit. Jalma-jalma bakal ningali hal-hal nu pikasieuneun jeung tanda-tanda nu luar biasa di langit. 12  ”Tapi saacan éta kabéh kajadian, maranéh bakal ditéwak jeung dikaniaya. Maranéh bakal dibawa ka tempat ibadah jeung ka panjara. Maranéh gé bakal dibawa ka hareupeun raja-raja jeung gubernur-gubernur lantaran jadi murid urang. 13  Éta bakal jadi kasempetan keur ngajelaskeun kapercayaan maranéh. 14  Tékadkeun dina haté, ulah nyiapkeun ti saméméhna naon nu rék diomongkeun pikeun ngabéla diri, 15  sabab ku urang, maranéh bakal dibéré kabijaksanaan sangkan nyaho naon nu kudu diomongkeun. Sanajan ngagabung gé, lawan-lawan maranéh moal bisa ngalawan atawa ngabantah. 16  Salian ti éta, maranéh bakal dihianatan,* malahan ku kolot, adi lanceuk, baraya, jeung sobat. Sababaraha di antara maranéh gé bakal dipaéhan. 17  Maranéh bakal dipikangéwa ku kabéh jalma lantaran nuturkeun urang. 18  Najan kitu, buuk maranéh salambar gé moal aya nu leungit. 19  Lamun tabah, maranéh bakal tetep hirup. 20  ”Tapi waktu maranéh geus ningali Yérusalém dikepung ku pasukan prajurit, éta tandana Yérusalém téréh diancurkeun. 21  Saha waé nu aya di Yudéa kudu kabur ka pagunungan, nu aya di jero kota kudu kalaluar ti kota, jeung nu aya di pasisian ulah asup ka kota, 22  sabab éta téh waktuna Allah ngahukum* jalma-jalma sangkan kabéh nu ditulis dina Kitab Suci laksana. 23  Cilaka awéwé nu keur ngandung jeung nyusuan orokna dina mangsa éta! Sabab nagri ieu bakal ngalaman kasusahan nu kacida parahna jeung bangsa ieu bakal dihukum. 24  Aya nu dipaéhan ku pedang jeung aya nu ditawan di nagri-nagri séjén. Yérusalém bakal ditincakan ku bangsa-bangsa* nepi ka waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa* éta béak. 25  ”Salian ti éta, bakal aya tanda-tanda nu témbong dina panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang. Bangsa-bangsa di bumi bakal nalangsa jeung teu nyaho kudu kumaha lantaran laut ngamuk tingjelegur. 26  Jalma-jalma bakal kapaéhan bakating ku sieun ngabayangkeun naon nu bakal kajadian di bumi, sabab kakuatan langit bakal oyag. 27  Tuluy, maranéhna bakal nempo Putra manusa datang ku kakawasaan jeung kamulyaan nu hébat dina awan. 28  Tapi lamun hal-hal ieu geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maranéh geus téréh dibébaskeun.” 29  Geus kitu, Isa nyaritakeun hiji ibarat, ”Perhatikeun tangkal ara jeung tatangkalan séjénna. 30  Lamun geus bijil daun-daun ngora, maranéh nyaho éta tandana geus téréh usum panas. 31  Kitu ogé, lamun maranéh ningali hal-hal ieu kajadian, éta tandana Pamaréntahan Allah geus deukeut. 32  Sing percaya, jalma-jalma dina jaman ieu* moal musna nepi ka kabéh hal ieu kajadian. 33  Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi kekecapan urang bakal aya salilana. 34  ”Jaga diri sing ati-ati, maranéh ulah nepi ka beuki teuing kana* dahar jeung nginum, sarta mikiran teuing kabutuhan hirup, bisi engké poé éta ujug-ujug datang 35  ngajiret maranéh. Sabab poé éta bakal tumiba ka kabéh jalma nu aya di sakuliah bumi. 36  Jadi, maranéh kudu tetep sadar bari terus husu ngadoa sangkan bisa salamet tina kabéh kajadian nu bakal laksana jeung bisa nangtung di hareupeun Putra manusa.” 37  Beurangna, Isa ngajar di bait, ari peutingna manéhna indit ka Gunung Zaitun jeung mondok di dinya. 38  Kabéh jalma daratang isuk-isuk pisan ka bait hayang ngadéngékeun manéhna.

Catetan Tambihan

As. ”dua lépton”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”kaayaan kacow”.
Atawa ”diserahkeun ka pangadilan”.
Atawa ”waktuna Allah ngabales”.
Atawa ”bangsa-bangsa nu teu kenal ka Allah”.
Atawa ”bangsa-bangsa nu teu kenal ka Allah”.
Atawa ”génerasi ieu”.
Atawa ”haté maranéh ulah nepi ka pinuh ku”.