Yakobus 5:1-20

  • Pépéling ka nu beunghar (1-6)

  • Allah ngaberkahan jalma nu sabar jeung tabah (7-11)

  • Lamun ”Enya” kudu enya (12)

  • Doa nu dibarengan ku iman, gedé kawasana (13-18)

  • Mantuan jalma dosa balik deui (19, 20)

5  Éh nu baleunghar, pék ceurik jeung gogoakan, lantaran aranjeun bakal katarajang kasusah.  Harta banda aranjeun geus buruk, jeung papakéan aranjeun geus dihakan ku ngenget.*  Emas jeung pérak aranjeun geus taihiangan. Taihiang éta bakal jadi bukti yén aranjeun téh salah jeung bakal ngagarogotan aranjeun. Sisimpenan aranjeun bakal siga seuneu dina ahir jaman.  Tuh, para pagawé anu manén di ladang aranjeun tinggorowok lantaran buruhna teu dibayar ku aranjeun. Sora maranéhna ménta tulung geus kadéngé ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.  Aranjeun hirup méwah jeung hirup demi muaskeun napsu di dunya. Aranjeun haben ngalintuhan awak nepi ka poéna dipeuncit.  Aranjeun geus ngahina jeung maéhan jalma bener, nya pantes wéh aranjeun ditentang.  Dulur-dulur, sing sabar nepi ka kahadiran Juragan. Ténjo patani nu terus ngarep-ngarep hasil pepelakanana nu hadé. Manéhna gé sabar ngadagoan usum hujan dimimitian jeung usum hujan panganggeusan.  Aranjeun gé sing sabar, kuatkeun haté, sabab kahadiran Juragan téh geus deukeut.  Dulur-dulur, ulah kukulutus ngeunaan* sasama, supaya aranjeun henteu dihakiman. Tuh, Hakim geus nangtung di hareupeun panto. 10  Dulur-dulur, pék conto nabi-nabi nu nepikeun warta bari mawa ngaran Yéhuwa. Maranéhna téh ngalaman loba kasangsaraan, tapi sabar nandanganana. 11  Urang nganggap jalma nu tabah téh bagja.* Aranjeun geus ngadéngé kumaha Ayub tabah jeung kumaha Yéhuwa ngaberkahan manéhna, da Yéhuwa téh nyaahan* pisan jeung welas asih. 12  Nu pangpentingna, dulur-dulur, ulah sumpah deui demi sorga atawa demi bumi atawa demi naon waé. Tapi, lamun aranjeun ngomong ”Enya” kudu enya, lamun ”Henteu” kudu henteu, supaya aranjeun henteu dihakiman. 13  Lamun aya nu keur susah, pék terus ngadoa. Lamun aya nu keur senang, pék kawihkeun jabur. 14  Lamun aya nu keur gering di antara aranjeun, manéhna kudu ngageroan para kokolot sidang jamaah sina datang pikeun ngadoakeun manéhna jeung ngabalurkeun minyak ku ngaran Yéhuwa. 15  Doa nu dibarengan ku iman bakal nyageurkeun jalma nu gering* éta, jeung ku bantuan Yéhuwa, manéhna bakal jadi séhat deui. Salian ti éta, lamun manéhna geus nyieun dosa, manéhna bakal dihampura. 16  Jadi, aranjeun kudu daék terus terang ngakukeun dosa aranjeun ka pada batur jeung silih doakeun, ngarah aranjeun dicageurkeun. Doa paménta ti jalma bener téh gedé kawasana jeung bener-bener bisa ngabantu. 17  Élia téh jalma nu boga parasaan siga urang, tapi basa manéhna husu ngadoa sangkan henteu turun hujan, salila tilu satengah taun hujan teu turun-turun di nagri éta. 18  Tuluy basa manéhna ngadoa deui, hujan turun ti langit jeung tanah ngahasilkeun buah. 19  Dulur-dulur, lamun di antara aranjeun aya nu nyimpang tina bebeneran, jeung aya nu mantuan manéhna balik deui, 20  jalma nu ngabantu jalma dosa éta ninggalkeun kasalahanana bakal ngabantu jalma dosa éta salamet tina maot jeung dihampura* dosa-dosana.

Catetan Tambihan

Serangga nu osok ngahakan kaén.
As. ”ngarénghap ka”.
Atawa ”diberkahan”.
Atawa ”karunyaan”.
Atawa bisa jadi, ”nu laleuleus”.
As. ”ditutup”.