Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Mantuan Sadérék-Sadérék nu Ngalaman Musibah Salila taun 2021

Mantuan Sadérék-Sadérék nu Ngalaman Musibah Salila taun 2021

1 JANUARI 2022

 Salila taun dines 2021 a, pandémi COVID-19 téh masih kénéh aya. Siga nu disebutkeun dina artikel ”Nyadiakeun Bantuan Salila Pandémi”, organisasi urang geus ngagunakeun ratusan milyar rupiah b pikeun mantuan para Saksi jeung ngabentuk leuwih ti 950 Panitia Penanggulangan Bencana.

 Salian ti pandémi COVID-19, aya leuwih 200 musibat alam jeung musibat nu dilantarankeun ku manusa nu kajadian. Aya loba sadérék-sadérék urang di sakuliah dunya nu jadi korban. Ku kituna, Panitia Koordinator ti Badan Pingpinan satuju pikeun nambahan dana bantuan saloba leuwih ti 114 milyar rupiah. Hayu urang perhatikeun kumaha sumbangan Sadérék digunakeun pikeun mantuan korban ti dua musibat nu kakara ieu kajadian.

Gunung Nyiragongo Ngabeledug

 Dina 22 Méi 2021, gunung Nyiragongo di Republik Demokratik Kongo téh ngabeledug. Lava nu ngalir ti gunung ieu ngaruksak loba imah, sakola, jeung tempat nampung cai. Sababaraha poé sanggeus kajadianana, kota Goma disimbutan ku haseup vulkanik anu mawa racun jeung loba ogé gempa susulan. Leuwih ti satengah penduduk di kota éta ngungsi. Aya ratusan rébu jalma-jalma nu ngarungsi, malahan mah aya nu indit nepi ka Rwanda.

Dina Balé Karajaan, sadérék-sadérék ti panitia penanggulangan bencana nyadiakeun bubur haneut

 Aya kira-kira 5.000 Saksi Yéhuwa nu ngungsi. Di antara maranéhna, aya nu imahna ruksak ku érupsi gunung, aya ogé nu imahna dirampog sanggeus maranéhna ngungsi. Panitia Penanggulangan Bencana di Rwanda jeung Republik Demokratik Kongo digawé babarengan pikeun ngirimkeun bantuan. Laporan ti kantor cabang di Kongo Kinshasa nyebutkeun, ”Salah sahiji Panitia Penanggulangan Bencana geus mulai ngirimkeun kadaharan, cai, simbut, jeung baju sanajan kaayaan di kota geus mulai kacau jeung pamaréntah acan maréntahkeun masyarakat keur ngungsi.” Aya 2.000 sadérék-sadérék urang nu ngungsi di hiji kota. Di dinya, Panitia Penanggulangan Bencana ngawangun ténda-ténda darurat, ngabagikeun masker, jeung ngajelaskeun carana supaya teu katépa ku COVID-19 jeung koléra.

Kantong nu eusina dahareun ditimbang heula saacan dibagikeun ka para Saksi

 Tilu bulan ti saprak musibat éta, sadérék-sadérék urang geus ngirimkeun leuwih ti genep ton béas, genep ton tipung jagung, tilu ton minyak, jeung tilu ton cai. Pikeun ngahémat dana sumbangan, kantor cabang meuli langsung di grosiran, tibatan meuli di luar nagri nu hargana téh leuwih mahal.

 Aya saurang sadérék istri nu imah anyarna ancur lantaran gunung éta ngabeledug. Tapi kulawargana meunang bantuan matéri jeung rohani. Manéhna ngomong, ”Urang téh sedih pisan, tapi ku bantuan Yéhuwa urang teu kakurangan nanaon. Urang apal Yéhuwa bakal terus ngabantu jeung nguatkeun urang.”

Krisis Ékonomi di Venezuela

 Dina sababaraha taun ieu, aya krisis ékonomi nu parah pisan di Venezuela. Para Saksi di ditu hirupna jadi susah. Maranéhna teu boga cukup dahareun jeung kudu nyanghareupan loba kajahatan di daérahna. Tapi organisasi Yéhuwa terus merhatikeun maranéhna.

Karung-karung béas nu dikirimkeun ka sababaraha tempat di Venezuela

 Salila taun dines kamari, organisasi ngagunakeun leuwih ti 21 milyar rupiah keur meuli jeung nganteurkeun dahareun sarta sabun ka kulawarga-kulawarga nu ngabutuhkeun. Laporan ti kantor cabang Venezuela nyebutkeun, ”Ieu téh lain tugas nu gampang. Unggal bulanna urang kudu ngirimkeun 130 ton dahareun ka sadérék-sadérék nu ngabutuhkeun di Venezuela. Urang ogé perlu mastikeun dahareunana katarima ku kulawarga-kulawarga nu ngabutuhkeun.” Sadérék-sadérék urang ngirimkeun dahareun nu awét supaya teu kapiceun. Kantor cabang ogé nyebutkeun, ”Waktu hargana murah, urang meuli kadahareun dina jumlah nu loba. Terus waktu ngirimkeun kadahareun, urang néangan cara nu pangmurahna.”

Lantaran bahan bakar jeung kendaraan téh ngan aya saeutik pisan, para Saksi nu ngora kénéh ngaboséh sapédah sajauh 18 kilométer pikeun nganteurkeun dahareun ka sidang-sidang

 Leonel, salah saurang anggota Panitia Penanggulangan Bencana di Venezuela ngomong, ”Abdi resep pisan bisa ngabantu tugas ieu. Sababaraha bulan kamari, pamajikan abdi maot lantaran COVID-19. Tapi lantaran sibuk mantuan batur, abdi jadi teu pati sedih deui. Abdi gé jadi bisa ngarasakeun jangji ti Yéhuwa nu moal pernah bakal ninggalkeun umat-Na.”

 Aya saurang sadérék nu baheulana pernah jadi anggota PPB, tapi ayeuna manéhna nu kudu dibéré bantuan. Manéhna nyarita, ”Ayeuna urang nu kudu dibantuan. Urang teu ngan narima bantuan matéri hungkul, tapi sadérék-sadérék téh ngabantu urang jeung pamajikan urang supaya tetep tenang. Maranéhna gé merhatikeun, mikanyaah jeung nguatkeun urang.”

 Loba musibat alam datangna téh teu diduga-duga. Najan kitu, organisasi Yéhuwa mah bisa gancang narima jeung ngirimkeun sumbangan keur sadérék-sadérék. Ieu kabéh bisa ngawujud lantaran sumbangan nu dikirimkeun keur pagawéan di sakuliah dunya. Sababaraha cara pikeun nyumbang dijelaskeun dina donate.mt711.com. Hatur nuhun pisan keur sumbangan Sadérék-Sadérék.

a Taun dines 2021 téh ti 1 Séptémber 2020 nepi ka 31 Agustus 2021.

b Dolar nu disebutkeu dina artikel ieu téh dolar AS.