Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK KEUR NAON WAÉ?

Miluan Kongrés Liwat TV jeung Radio

Miluan Kongrés Liwat TV jeung Radio

1 Agustus 2021

 Kongrés régional taun 2020 téh istiméwa pisan. Éta téh kongrés régional anu pangmimitina direkam jeung disiarkeun liwat Internét. Tapi, kalolobaan dulur saiman urang di Malawi jeung Mozambik mah bisa miluan kongrés ieu tanpa Internét. Kumaha carana?

 Panitia Koordinator jeung Panitia Pengajaran ti Badan Pingpinan satuju acara kongrésna disiarkeun liwat TV jeung radio di Malawi jeung Mozambik. Ku naon? Ku sabab Malawi téh salah sahiji nagri nu harga Internétna pangmahalna di dunya. Ku kituna, ngan saeutik Saksi nu bisa boga aksés Internét. William Chumbi, anggota Panitia Cabang Malawi, ngomong, ”Ngan radio jeung TV nu bisa dipaké pikeun nyiarkeun acara kongrés ieu ka sadérék-sadérék.” Luka Sibeko, salah sahiji Panitia Cabang di Malawi, ngomong, ”Lamun urang teu bisa nyiarkeun acara kongrés liwat TV jeung radio, ngan saeutik pisan sadérék-sadérék di daérah urang anu bisa ningali acara kongrés.” Sadérék-sadérék di Mozambik gé sarua, boro-boro Internét, alat éléktronik keur nyetél acara kongrés gé teu boga.

Ngatur Acara Ibadah

 Salila pandémi COVID-19, geus aya sababaraha stasion TV jeung radio anu nyiarkeun acara pasamoan. a Jadi waktu rék nyiarkeun acara kongrés régional, sadérék-sadérék datang ka stasion TV jeung radio pikeun ménta waktu tambahan keur nyiarkeun acara kongrés.

 Dulur-dulur saiman urang di Malawi nyanghareupan tangtangan. Stasion TV jeung radio osok ngawatesan jam tayang acara anu disiarkeun. Unggal acara biasana dibéré waktu tayang sajam. Maranéhna ngarasa mun acarana lila teuing, jalma-jalma anu nongton atawa ngadéngékeun acarana bakal bosen. Tapi, dulur-dulur saiman urang ngajelaskeun yén acara ieu téh bisa ngabantu masarakat. Sanajan keur lockdown gé, urang tetep ngabagikeun warta hadé liwat Alkitab. Ieu téh bisa ngabantu jalma-jalma jadi leuwih hadé jeung leuwih bagja. Sanggeus ngadéngé kitu, stasion-stasion TV jeung radio daék méré jam tayang anu leuwih lila ka urang.

 Di Malawi, acara kongrés disiarkeun ku hiji stasion TV jeung hiji stasion radio. Duanana téh stasion nasional nu bisa nyiarkeun acara kongrés ka jutaan jalma. Di Mozambik, acara kongrés disiarkeun ku hiji stasion TV jeung 85 stasion radio.

 Total biaya pikeun nyiarkeun acara kongrés liwat TV di Mozambik jeung Malawi téh nyaéta 28.227 dolar AS (kira-kira 400 juta rupiah). Ari keur nyiarkeun liwat radio, biayana ampir 20.000 dolar AS (kira-kira 290 juta rupiah). Biaya keur nyiarkeun acara kongrés liwat radio téh béda-béda. Lamun stasion radiona leutik, aya nu biayana ngan 15 dolar AS (kira-kira 220 rébu rupiah). Tapi, aya ogé nu biayana nepi ka 2.777 dolar AS (kira-kira 40 juta rupiah), lantaran éta téh stasion nasional.

 Sadérék-sadérék urang di ditu bener-bener upaya pikeun ngagunakeun dana sumbangan ku cara anu bijaksana. Misalna di Malawi, maranéhna bisa meunang diskon. Malah aya hiji stasion anu méré diskon 30 persén. Lantaran aya diskon-diskon ieu, urang bisa ngirit nepi ka 1.711 dolar AS (kira-kira 25 juta rupiah). Terus di Mozambik, sababaraha stasion daék méré diskon ka urang lantaran maranéhna apal yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh jujur jeung tara telat mayarna.

Ucapan Sukur ti Dulur-Dulur Saiman

 Dulur-dulur saiman urang nganuhunkeun pisan sabab maranéhna bisa nongton jeung ngadéngékeun acara kongrés anu disiarkeun liwat stasion TV jeung stasion radio. Saurang kokolot ti Malawi anu ngaranna Patrick ngomong, ”Urang ngahaturkeun nuhun ka Badan Pingpinan anu geus nyadiakeun acara kongrés nu istiméwa ieu salila pandémi.” Saurang sadérék ti Malawi anu ngaranna Isaac ngomong, ”Urang ngan boga radio. Jadi, urang nganuhunkeun pisan sabab organisasi geus nyadiakeun kongrés liwat radio. Kulawarga abdi jadi bisa meunangkeun mangpaat tina acara kongrés ieu. Abdi ningali, ieu téh bukti yén Yéhuwa nyaah ka umat-Na.”

 Kongrés régional taun 2020 téh kongrés régional mimiti keur saurang pawarta di Mozambik. Manéhna ngomong, ”Acara kongrés nu disiarkeun liwat TV téh ngingetkeun abdi yén Yéhuwa téh Mahakawasa. Pandémi teu bisa ngahalangan Anjeunna keur nyadiakeun kadaharan rohani nu nguatkeun iman. Malahan mah kadaharan rohani éta bisa aya di imah abdi. Abdi ningali bukti kanyaah di antara umat Yéhuwa. Abdi jadi leuwih yakin yén ieu téh agama nu sajati.”

 Saurang kokolot anu ngaranna Wyson ngomong, ”Abdi hayang nganuhunkeun ka palayan nu satia, lantaran salila pandémi maranéhna geus ngurus urang. Ku sabab acara kongrés ieu disiarkeun liwat radio jeung TV, abdi jeung sadérék-sadérék séjén anu kasusahan sacara ékonomi bisa tetep nongton sarta meunang mangpaat tina kongrés ieu.”

 Panitia Koordinator jeung Panitia Pangajaran geus satuju ngarah kongrés régional 2021 gé disiarkeun liwat TV jeung radio di sababaraha daérah. Kumaha hal ieu dibiayaan? Éta dibiayaan ku sumbangan pikeun pagawéan sakuliah dunya. Kalolobaan sumbangan ieu dilakukeun liwat donate.mt711.com. Hatur nuhun pisan pikeun kamurahan haté Sadérék.

a Dina awal taun 2020, Panitia Koordinator satuju di sababaraha tempat, acara pasamoan diayakeun liwat TV jeung radio salila pandémi COVID-19. Pangaturan ieu ngabantu sadérék-sadérék anu teu bisa miluan acara pasamoan sacara online atawa muka JW Stream. Pangaturan ieu lain keur sidang-sidang nu ngayakeun acara pasamoan sacara online.