Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bukti Sajarah Nunjukkeun Lokasi ti Hiji Kaom Bangsa Israil

Bukti Sajarah Nunjukkeun Lokasi ti Hiji Kaom Bangsa Israil

 Alkitab ngajelaskeun yén waktu bangsa Israil nalukkeun Tanah Perjangjian, wilayahna dibagi-bagikeun ka unggal kaom ti éta bangsa. Sababaraha golongan ti kaom Ménasé, nyaéta sapuluh golongan, narima wilayah di beulah wétan Walungan Yordan, misah ti nu sawaréhna deui. a (Yosua 17:1-6) Naha aya bukti arkéologi nu nunjukkeun yén ieu téh bener-bener kajadian?

 Dina taun 1910 di Samaria, kapanggih fragmén-fragmén tina pot taneuh nu ditulisan. Fragmén-fragmén ieu disebut ogé ostraka (potongan tina pot taneuh nu ditulisan). Dina fragmén-fragmén ieu, aya catetan nu ditulis ku aksara Ibrani ngeunaan dikirimna barang-barang méwah ka istana di ibukota, saperti inuman anggur jeung minyak kosmétik. Sakabéhna aya 102 fragmén ti abad 8 SM nu kapanggih, tapi ngan 63 nu bener-bener bisa dibaca. Sanajan kitu, lamun informasi ti 63 fragmén éta dihijikeun, urang jadi apal ngeunaan tanggal jeung ngaran sababaraha golongan. Aya ogé informasi ngeunaan saha nu ngirim jeung nu narima barangna.

 Golongan-golongan nu dicatet dina Ostraka Samaria téh sakabéhna ti kaom Ménasé. NIV Archaeological Study Bible nyebutkeun yén fragmén-fragmén éta jadi bukti tambahan nu neguhkeun carita dina Alkitab ngeunaan tempat cicingna kaom Ménasé.

Ukiran ieu nyebutkeun yén saurang awéwé nu ngaranna Noa téh turunan kaom Ménasé

 Ostraka Samaria ogé jadi bukti yén tulisan Nabi Amos dina Alkitab téh akurat. Nabi Amos nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma beunghar di jaman éta, ”Maraneh ngarinum anggur sapinggan pinuh, awak make seuseungitan nu marahal.” (Amos 6:1, 6) Ostraka Samaria nunjukkeun yén barang-barang dina éta ayat dikirim ka wilayah-wilayah nu dicicingan ku sapuluh golongan Ménasé.

a Ka dieunakeun, wilayah di beulah wétan Walungan Yordan kadang-kadang disebut Samaria, sakumaha ngaran ibukotana.