Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kumaha Carana Supaya Teu Hariwang Teuing?

Kumaha Carana Supaya Teu Hariwang Teuing?

 Lamun urang hariwang teuing, kaséhatan urang bisa kaganggu, parasaan urang gé jadi teu tenang. Malah mah bisa muncul masalah anyar anu leuwih gedé tibatan masalah nu dihariwangkeun ku urang.

Carana supaya henteu hariwang teuing

  •  Ulah sering teuing ningalian berita goréng. Urang teu kudu apal kabéh rincian ngeunaan hiji kajadian. Mun urang sering teuing nongton, maca, atawa ngadéngékeun berita goréng, urang bisa jadi leutik haté jeung sieun.

     Ceuk Kitab Suci: ”Haté nu nalangsa ngalemahkeun sumanget hirup.”​—Siloka 17:22, Terjemahan Dunia Baru.

     ”Ningalian berita dina Internét téh mémang pikaresepeun, tapi sabenerna éta téh kabiasaan goréng. Sanggeus abdi teu sering teuing ningalian berita, abdi jadi leuwih tenang.”​—John.

     Pék pikirkeun: Naha Anjeun bener-bener perlu ningalian unggal berita anyar?

  •  Atur jadwal. Upayakeun sangkan unggal poéna, urang hudang, dahar, digawé, jeung saré dina waktu anu sarua. Lamun urang boga jadwal siga kitu, urang moal pati hariwang teuing.

     Ceuk Kitab Suci: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.”​—Siloka 21:5.

     ”Waktu mimiti pandémi COVID-19, jadwal abdi téh kacow. Waktu téh béak dipaké jang hiburan. Abdi hayang leuwih bijaksana ngagunakeun waktu abdi, jadi abdi nyieun jadwal supaya bisa ngalakukeun kagiatan sapopoé nu leuwih penting.”​—Joseph.

     Pék pikirkeun: Naha unggal poéna Anjeun boga kabiasaan anu ngalantarankeun Anjeun ngarasa puas sanggeus ngalakukeunana?

  •  Pék pikirkeun hal-hal nu hadé. Ulah teterusan ngarasa kaduhung kana hal-hal nu geus liwat atawa teterusan mikirkeun hal-hal goréng anu can tangtu kajadian dina mangsa ka hareup. Hal-hal siga kitu téh malah nambahan kahariwangan. Tapi, pék pikirkeun dua atawa tilu hal hadé nu geus ditarima ku urang. Tuluy, ucapkeun sukur.

     Ceuk Kitab Suci: ”Aranjeun gé kudu terus muji sukur.”​—Kolose 3:15.

     ”Waktu abdi maca Alkitab, abdi jadi mikirkeun hal-hal anu positif, lain nu négatif. Maca Alkitab téh katingalina sapira, tapi mangpaatna téh bener-bener karasa!”​—Lisa.

     Pék pikirkeun: Naha Anjeun osok teterusan mikirkeun hal-hal goréng nu kaalaman ku Anjeun sarta mopohokeun hal-hal hadé nu geus ditarima ku Anjeun?

  •  Ulah mikirkeun diri sorangan baé. Waktu hariwang, urang biasana jadi hayang nyorangan. Tapi tibatan kitu, mending urang mikirkeun kumaha urang bisa ngabantu batur.

     Ceuk Kitab Suci: ”Tong mikirkeun kapentingan diri sorangan baé, tapi pikirkeun ogé kapentingan batur.”​—Filipi 2:4.

     ”Abdi bungah waktu ngabantu batur. Jalma nu dibantu gé jadi bungah. Lantaran sibuk ngabantu batur, abdi jadi teu boga waktu pikeun mikirkeun kahariwangan abdi. Hasilna abdi teu pati hariwang deui.”​—Maria.

     Pék pikirkeun: Aya teu babaturan atawa kulawarga Anjeun nu butuh bantuan? Kumaha Anjeun bisa ngabantu maranéhna?

  •  Pék jaga kaséhatan. Urang kudu olahraga jeung istirahat anu cukup. Salian ti éta, urang gé kudu dahar dahareun anu séhat. Lamun urang ngajaga kaséhatan, pikiran urang jadi leuwih positif. Urang gé jadi teu pati hariwang teuing kana kahirupan.

     Ceuk Kitab Suci: ”Olahraga téh [aya] mangpaatna.”​—1 Timotius 4:8, catetan handap.

     ”Abdi jeung budak abdi teu bisa sering-sering olahraga di luar. Najan kitu, urang duaan osok olahraga di jero imah. Abdi jadi leuwih akrab jeung budak abdi. Urang duaan gé jadi leuwih bagja.”​—Catherine.

     Pék pikirkeun: Bisa teu Anjeun leuwih sering dahar dahareun anu séhat jeung rutin olahraga sangkan Anjeun jadi leuwih séhat?

 Salian ti saran-saran anu disebutkeun di luhur, aya hal séjénna anu ngabantu jalma-jalma supaya teu hariwang teuing, nyaéta jangji Allah ngeunaan mangsa ka hareup anu éndah nu dicatet dina Alkitab. Mangga tingali artikel, ”Naon nu Bakal Dilakukeun ku Pamaréntahan Allah?