Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

CARANA BÉBAS TINA STRÉS

Urang Bisa Bébas tina Strés

Urang Bisa Bébas tina Strés

Kekecapan nu bijaksana dina Kitab Suci bisa ngabantu urang sangkan teu strés teuing. Mémang, urang sorangan moal bisa ngaleungitkeun sagala nu nyababkeun strés. Tapi, Gusti nu nyiptakeun urang mah bisa. Mantenna tos milih hiji pribadi pikeun nulungan urang, nyaéta Isa Almasih. Basa hirup di bumi, Nabi Isa ngalakukeun loba hal nu luar biasa. Sakeudeung deui, anjeunna bakal ngalakukeun hal-hal nu leuwih hébat di sakuliah bumi. Misalna:

NABI ISA BAKAL NYAGEURKEUN NU GERING, SAPERTI NU PERNAH DILAKUKEUN.

”Jelema-jelema murubul ka Anjeunna marawa anu garering, anu nandangan rupa-rupa kasakit. . . . Kabeh ku Anjeunna dicalageurkeun.”​—MATEUS 4:24.

NABI ISA BAKAL NYADIAKEUN IMAH JEUNG DAHAREUN KEUR SAKABÉH JALMA.

”[Rahayatna] anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian. Marelak anggur, anggurna bisa kainum sorangan ku nu melakna, moal ku nu sejen.”​—YESAYA 65:21, 22.

PAMARÉNTAHAN NABI ISA BAKAL NGAWUJUDKEUN KATENGTREMAN JEUNG KAAMANAN SADUNYA.

”Sapanjang jumenengna muga mekar kaadilan, muga makmur sapanjangna, tinanding umurna bulan. Karajaanana sing murba ti laut ka laut, ti Eprat dugi ka tungtung jagat. . . . Musuh-musuhna masing sarujud.”​—JABUR 72:7-9.

NABI ISA BAKAL NYINGKIRKEUN KATEUADILAN.

”[Anjeunna] asih ka nu miskin, nyaah ka nu lemah nangtayungan hirupna anu sangsara. Maranehna diluputkeun tina panggencet jeung katelengesan.”​—JABUR 72:13, 14.

NABI ISA BAKAL NGALEUNGITKEUN KASANGSARAAN JEUNG MAOT.

”Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.”​—WAHYU 21:4.