Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

Abdi Embung Paéh!

Abdi Embung Paéh!
  • LAHIR TAUN: 1964

  • NAGRI ASAL: INGGRIS

  • KASANG TUKANG: INDUNG NGORA NU BEDEGONG

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

Abdi lahir di Paddington, éta téh daérah anu loba pendudukna di London, Inggris. Abdi cicing bareng jeung indung sarta tilu lanceuk abdi. Si Bapa téh teu pati deukeut jeung kulawarga ku lantaran osok mabok.

Basa keur leutik, si Mamah ngajar abdi pikeun ngadoa unggal peuting. Abdi boga Alkitab leutik nu eusina buku Jabur hungkul, jeung abdi osok nyieun nyanyian tina kekecapan dina buku Jabur éta. Abdi inget pisan, dina buku sakola aya kekecapan, ”Hiji waktu, moal aya deui nu ngaranna isukan”. Pédah éta kekecapan, abdi jadi teu bisa saré, sabab kapikiran kana hirup abdi kahareupna. Abdi mikir, ’Pasti hirup téh lain ngan kieu-kieu waé atuh. Terus, ku naon nya abdi hirup?’ Abdi embung paéh!

Abdi jadi panasaran kana hal-hal gaib. Abdi nyobaan komunikasi jeung nu geus paéh, datang ka kuburan jeung babaturan sakola, terus nongton film horor jeung maranéhna. Hal-hal gaib téh nyieun abdi panasaran sakaligus sieun.

Basa umur sapuluh, abdi mulai bangor. Abdi mulai ngaroko, nepi ka kacanduan. Teu lila, abdi nyeuseup ganja. Terus basa umur 11, abdi nyobaan nginum inuman alkohol. Sanajan rasana mah teu ngeunah, abdi resep ku sabab abdi jadi bisa mabok. Abdi gé resep ngadéngékeun musik, jojogédan, sarta sering datang ka pésta-pésta jeung diskotik. Abdi indit susulumputan peuting-peuting jeung balik subuh. Lantaran peutingna geus capé, isukanana abdi jadi sok mabal sakola. Di sakola gé abdi sering nginum alkohol.

Dina ahir taun palajaran, peunteun abdi butut pisan. Si Mamah kuciwa jeung ambek pisan, da teu nyaho kalakuan budakna geus jadi sakitu bangorna. Urang jadi paséa, tuluy abdi kabur ti imah. Abdi tinggal jeung kabogoh abdi si Tony. Manéhna osok ngarampog, ngajual narkoba, jeung dikenal kasar. Teu lila abdi ngandung, tuluy ngalahirkeun budak lalaki basa umur 16 taun.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI

Pamaréntah nyadiakeun tempat keur indung anu boga budak diluar nikah. Abdi dibéré kamar di dinya. Aya dua urang Saksi anu sok ngadatangan ibu-ibu nu séjén. Hiji poé, abdi milu diskusi jeung maranéhna pikeun ngabuktikeun lamun Saksi Yéhuwa téh salah. Tapi, maranéhna ngajawab unggal pananya abdi ku cara nu lembut, bari mukakeun ayat tina Alkitab. Abdi kagum kana sikep maranéhna anu bageur jeung lembut. Jadi abdi mutuskeun rék diajar Alkitab jeung maranéhna.

Abdi diajar hiji hal tina Alkitab anu ngarobah kahirupan abdi. Ti ngongora kénéh, abdi sieun paéh. Tapi ayeuna abdi apal kana pangajaran Yésus yén nu geus maot engké bakal dihirupkeun deui! (Yohanes 5:28, 29) Abdi ogé diajar yén Allah téh paduli pisan ka abdi. (1 Petrus 5:7) Hususna, haté abdi kageuing basa maca Yermia 29:11, anu nyebutkeun, ”Kami henteu samar kana sagala pikersaeun keur maraneh. Nyaeta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamuageun kahareup.’” Lalaunan, abdi percaya di mangsa kahareup abdi bisa hirup salilana di Pirdaus.—Jabur 37:29.

Karasa pisan, Saksi-Saksi Yéhuwa téh nyaah ka abdi. Waktu mimiti datang ka pasamoan, jalma-jalmana téh nyambut jeung soméah ka abdi! (Yohanes 13:34, 35) Sikep maranéhna téh béda pisan jeung sikep jalma-jalma di garéja. Para Saksi mah tetep nyambut abdi sanajan kaayaan abdi siga kieu. Maranéhna méré waktu, perhatian, malah méré bantuan nu diperlukeun. Abdi ngarasa jadi bagian ti kulawarga nu gedé nu silih pikanyaah.

Waktu diajar, abdi sadar kudu ngarobah kahirupan abdi supaya luyu jeung papakon Allah nu luhur. Hésé pisan eureun ngaroko téh. Aya ogé hiji jinis musik nu nyieun abdi hayang maké ganja deui, ku kituna abdi ngaganti jinis musik nu didéngékeun. Supaya teu kagoda keur mabok deui, abdi teu indit ka pésta-pésta jeung diskotik deui. Abdi gé néangan babaturan nu bakal méré pangaruh alus kana kahirupan abdi.—Siloka 13:20.

Teu lila, Tony ogé diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa. Saksi-Saksi Yéhuwa ngajawab pananya-pananya Tony tina Alkitab. Tungtungna, manéhna gé jadi yakin mun ieu téh bebeneran. Tony nyieun parobahan anu gedé , manéhna teu campur gaul deui jeung babaturanna nu kasar, eureun maok, jeung eureun maké ganja. Supaya bisa nyenangkeun Yéhuwa, urang duaan kudu ngarobah gaya hirup nu goréng jeung nyadiakeun lingkungan nu alus keur budak urang. Ahirna dina taun 1982, urang ngesahkeun perkawinan urang.

”Ayeuna mah abdi bisa saré tibra, teu kapikiran deui kana mangsa kahareup atawa maot”

Baheula, abdi sok néangan kisah jalma-jalma nu geus nyieun parobahan tina majalah Menara Pengawal jeung Sadarlah! * Pangalaman maranéhna téh nguatkeun pisan! Abdi jadi boga tékad nu leuwih kuat pikeun terus bajoang jeung teu nyerah. Abdi terus ngadoa supaya Yéhuwa tetep sabar ka abdi. Abdi jeung Tony dibaptis jadi Saksi Yéhuwa dina bulan Juli 1982.

MANGPAATNA PIKEUN KAHIRUPAN ABDI

Kenal sarta nyobat jeung Yéhuwa nyalametkeun kahirupan abdi. Abdi jeung Tony geus ngarasakeun dukungan ti Yéhuwa dina mangsa-mangsa nu hésé. Urang duaan ogé diajar pikeun terus ngandelkeun Yéhuwa dina kaayaan nu susah. Kabukti, Yéhuwa téh terus ngabantu jeung ngadukung kulawarga urang.​—Jabur 55:23.

Abdi bungah pisan bisa ngabantu barudak abdi kenal ka Yéhuwa.Incu-incu abdi gé dialajar ngeunaan Yéhuwa.

Ayeuna mah, abdi geus bisa saré tibra, teu kapikiran deui kana mangsa kahareup atawa maot. Unggal minggu, abdi jeung Tony sibuk nganjangan sidang-sidang Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun nguatkeun maranéhna. Urang duaan milu ngajar jalma-jalma supaya boga iman ka Yésus, jeung bisa meunangkeun hirup langgeng.

^ par. 19 Diterbitkeun ogé ku Saksi-Saksi Yéhuwa.