Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Sains?

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Sains?

 Saksi-Saksi Yéhuwa percaya kana sains jeung hasil risét ilmiah lamun didukung ku bukti-bukti.

 ”Sains téh élmu alam nu dihasilkeun tina obsérvasi, risét, jeung uji coba.” (Kamus Besar Bahasa Indonesia) Mémang Alkitab lain buku sains, tapi Alkitab ngajurung jalma-jalma pikeun diajar ngeunaan alam sarta pikeunngamangpaatkeun hasil-hasil risét para ilmuwan. Perhatikeun sababaraha conto:

  •   Astronomi: ”Coba tanggah ka angkasa! Saha nu nyiptakeun bentang-bentang? Ku Mantenna bentang-bentang teh dipingpin kawas hiji pasukan. Mantenna uninga reana, sarta masing-masing dipaparin ngaran.”—Yesaya 40:26.

  •   Biologi: Suléman ngajelaskeun ngeunaan ”tatangkalan jeung tutuwuhan, mimiti tina hal kai kiputri Libanon nepi ka hisop anu jadi dina tembok; iasa medar hal sasatoan, bangsa manuk-manuk, bangsa reptil, jeung bangsa lauk”.—1 Raja 4:33.

  •   Pangobatan: ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun”.—Lukas 5:31.

  •   Météorologi: ”Kungsi maneh ngalanglangan gudang salju jeung hujan es? . . . Kungsi maneh ngadongdon . . . pangancikan gelebugna angin ti wetan?”—Ayub 38:22-24.

 Urang ngahargaan sains, buktina bacaan-bacaan urang osok ngabahas ngeunaan alam jeung hasil-hasil panalungtikan ilmiah. Saksi-Saksi Yéhuwa hayang barudakna meunangkeun pendidikan supaya leuwih ngarti ngeunaan dunya di sakurilingna. Loba Saksi Yéhuwa nu digawé di widang sains, misalna di widang biokimia, matématika, jeung fisika.

Sains gé boga watesan

 Urang percaya teu kabéh pananya manusa bisa dijawab ku sains. a Misalna, ahli géologi nalungtik tina naon bumi dijieun, ahli biologi gé nalungtik kumaha cara digawéna awak urang. Tapi, ku naon bumi téh cocog pikeun kahirupan manusa? Ku naon bagian-bagian awak urang bisa digawé sauyunan?

 Urang nyimpulkeun ngan Alkitab wungkul nu bisa méré jawaban nu nyugemakeun. (Jabur 139:13-16; Yesaya 45:18) Jadi, urang percaya jalma bisa boga pendidikan nu alus lamun diajar duanana, boh Alkitab boh sains.

 Sakapeung, mémang katingalina sains téh papalingpang jeung Alkitab. Tapi, éta téh lantaran jalma-jalma salah paham kana pangajaran Alkitab. Misalna, Alkitab teu ngajelaskeun yén bumi diciptakeun ngan dina genep poé, atawa 6x24 jam.—Kajadian 1:1; 2:4, NW.

 Sababaraha téori nu geus dianggap sabagé hasil ilmiah, nyatana mah teu kabukti jeung teu diaku ku para ilmuwan nu kasohor. Contona, téori ngeunaan évolusi (mutasi acak jeung seléksi alam). Lantaran kahirupan téh dirancang sakitu ahéngna, urang satuju jeung pandangan loba ahli biologi, ahli kimia, sarta ahli séjénna nu nyimpulkeun yén téori éta téh salah.

a Erwin Schrödinger, saurang ahli fisika ti Austria nu meunangkeun panghargaan Nobél, nulis yén sains teh ”teu méré nyaho nanaon . . . ngeunaan hal-hal nu pangpentingna dina kahirupan urang”. Albert Einstein gé ngomong, ”Tina pangalaman nu peurih, urang jadi apal sains téh moal bisa ngaréngsékeun masalah-masalah dina kahirupan”.