Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Boga Loba Pisan Pananya”

”Abdi Boga Loba Pisan Pananya”
  • Lahir Taun: 1976

  • Nagri Asal: Honduras

  • Kasang Tukang: Pandéta garéja

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi lahir di kota La Ceiba, Honduras. Abdi téh budak bungsu sarta boga opat lanceuk awéwé. Di kulawarga, abdi téh hiji-hijina tunarungu. Kulawarga abdi téh miskin sarta cicing di daérah nu teu aman. Kaayaan kulawarga abdi jadi beuki susah waktu Bapa maot lantaran cilaka basa digawé. Harita umur abdi kira-kira opat taun.

 Indung abdi sabisa-bisa ngurus abdi jeung lanceuk-lanceuk. Tapi lantaran osok teu boga duit, abdi jadi jarang dibeulikeun baju. Lamun hujan, abdi sering katirisan lantaran teu boga baju haneut.

 Sanggeus rada gedé, abdi diajar Basa Isarat Honduras (LESHO). Abdi jadi bisa komunikasi jeung tunarungu séjén. Tapi, indung jeung lanceuk-lanceuk abdi teu ngartieun LESHO. Maranéhna ngan bisa pepeta jeung nyieun isarat sorangan supaya bisa komunikasi jeung abdi. Sanajan kitu, indung abdi nyaah jeung ngalindungan abdi tina hal-hal goréng. Ku basa isarat nu saayana, Mamah ngingetan abdi pikeun ngajauhan kabiasaan goréng siga ngaroko jeung mabok. Abdi nganuhunkeun pisan lantaran nepi ka gedé abdi teu kacanduan roko jeung alkohol.

 Basa keur leutik kénéh, abdi sok dibawa ka Garéja Katolik ku Mamah. Tapi abdi teu ngarti nanaon, lantaran euweuh nu narjamahkeun ka basa isarat. Abdi bosen, jadi basa umur sapuluh taun abdi teu ka garéja deui. Sanajan kitu, abdi masih panasaran ngeunaan Allah.

 Dina taun 1999, waktu umur 23 taun, abdi panggih jeung saurang awéwé ti Amerika Serikat nu jadi anggota garéja protéstan. Manéhna ngajarkeun Alkitab sarta Basa Isarat Amerika (ASL) ka abdi. Lantaran abdi resep pisan diajar Alkitab, abdi mutuskeun rék jadi pandéta. Ku kituna, abdi pindah ka Puerto Rico pikeun miluan palatihan keur tunarungu Kristen. Waktu balik deui ka La Ceiba taun 2002, abdi dibantuan ku sababaraha babaturan pikeun ngadegkeun garéja husus tunarungu. Ka dieunakeun, abdi nikah jeung Patricia, salah sahiji ti babaturan abdi.

 Abdi téh pandéta di garéja, jadi abdi sok hutbah dina Basa Isarat Honduras, nunjukkeun gambar, sarta nyieun drama supaya jalma nu tunarungu bisa ngarti kana carita Alkitab. Abdi ogé nganjangan jalma-jalma nu tunarungu di kota-kota tatangga pikeun nguatkeun jeung nulungan maranéhna nu keur aya masalah. Malah, abdi ngayakeun perjalanan misionaris ka Amerika Serikat jeung Zambia. Jujur, abdi teu pati ngarti kana Alkitab. Abdi ngan nepikeun naon nu pernah dicaritakeun ka abdi sarta nu dipikanyaho ku abdi tina gambar-gambar. Sabenerna mah, abdi sorangan gé boga loba pisan pananya.

 Dina hiji poé, aya sababaraha anggota garéja nu nyebarkeun carita bohong yén abdi téh nyéléwéng sarta sok mabok. Abdi jadi kuciwa jeung ambek. Teu lila, abdi jeung Patricia kaluar ti garéja.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Saksi-Saksi Yéhuwa sok nganjangan abdi jeung Patricia, tapi ku urang ditolak. Sanggeus kaluar ti garéja, Patricia daékeun diajar Alkitab jeung sapasang Saksi, nyaéta Thomas jeung Liccy. Abdi teu nyangka maranéhna ngartieun basa isarat, padahal lain tunarungu. Teu lila, abdi gé miluan diajar.

 Urang diajar sababaraha bulan ngagunakeun vidéo-vidéo dina Basa Isarat Amerika. Tapi, urang eureun diajar Alkitab lantaran aya babaturan nu nuduh yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh nuturkeun manusa. Thomas ngabuktikeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa mah teu nuturkeun manusa, tapi abdi teu percaya ka manéhna.

 Sababaraha bulan sanggeusna, waktu Patricia keur déprési pisan, manéhna ngadoa ka Allah supaya aya Saksi Yéhuwa nu datang deui. Teu lila, tatangga abdi nu Saksi Yéhuwa nganjangan Patricia sarta nanya naha manéhna daék lamun didatangan deui ku Liccy. Liccy téh bener-bener sobat sajati. Manéhna nganjangan Patricia unggal minggu pikeun nguatkeun jeung ngajarkeun Alkitab. Tapi, abdi masih teu percaya ka Saksi.

 Dina taun 2012, Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun kagiatan husus pikeun nawarkeun vidéo Maukah Anda Mengetahui Kebenaran? dina Basa Isarat Honduras. Liccy méré vidéona ka urang. Waktu nongton vidéona, abdi reuwas. Geuningan pangajaran nu sok diajarkeun ku abdi, saperti naraka jeung jiwa nu teu bisa maot, asalna lain tina Alkitab.

 Minggu hareupna, abdi datang ka Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun ngobrol jeung Thomas. Abdi ngomong ka manéhna yén abdi hayang ngajarkeun bebeneran Alkitab ka tunarungu, tapi embung jadi Saksi Yéhuwa. Abdi boga rencana rék ngadegkeun garéja sorangan keur nu tunarungu. Thomas muji sumanget abdi, terus manéhna nunjukkeun Epesus 4:5 nu ngajéntrékeun yén sidang Kristen sajati kudu ngahiji.

 Thomas ogé méré vidéo Saksi-Saksi Yehuwa—Beraksi dengan Iman, Bagian 1: Keluar dari Kegelapan dina Basa Isarat Amerika. Dina éta vidéo, aya sababaraha lalaki nu mariksa Alkitab sacara taliti supaya bisa ngarti kana pangajaran-pangajaran dasar nu bener. Waktu nongton vidéona, abdi bisa paham parasaan maranéhna lantaran abdi gé néangan bebeneran siga maranéhna. Éta vidéo ngayakinkeun abdi yén para Saksi ngajarkeun bebeneran lantaran hiji-hijina dasar pikeun kapercayaan maranéhna téh Alkitab. Jadi abdi diajar Alkitab deui, tuluy dina taun 2014, abdi jeung Patricia dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Abdi resep ka jamaah Saksi-Saksi Yéhuwa lantaran ahlakna bersih, sakumaha Allah gé bersih. Éta kabukti tina ucapan sarta tindakan panganutna. Maranéhna akur jeung batur sarta silih kuatkeun. Para Saksi ngahiji sarta ngajarkeun bebeneran Alkitab nu sarua teu sual maranéhna cicing di mana jeung ngagunakeun basa naon.

 Abdi resep diajar bebeneran tina Alkitab. Misalna, abdi diajar yén Yéhuwa téh Allah Nu Mahakawasa, Pangawasa jagat raya. Mantenna nyaah ka nu teu ngadangu jeung ka nu bisa ngadangu. Abdi bungah pisan lantaran dipikanyaah ku Allah. Abdi ogé diajar yén bumi bakal jadi pirdaus nu éndah sarta urang kabéh boga kasempetan pikeun hirup langgeng dina kaséhatan nu sampurna. Abdi hayang pisan kaayaan éta bisa gancang ngawujud!

 Abdi jeung Patricia resep nyaritakeun ngeunaan Alkitab ka tunarungu. Ayeuna urang duaan ngajarkeun Alkitab ka sababaraha jalma nu baheulana anggota garéja abdi. Ayeuna abdi geus teu bingung deui kana naon nu diajarkeun ku abdi, teu kawas baheula basa abdi masih jadi pandéta. Ahirna, abdi manggihan jawaban tina pananya-pananya abdi ku cara diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa.