Pindah kana eusi

Nguatkeun Batur Sanajan Sanajan Boga Masalah Kaséhatan

Nguatkeun Batur Sanajan Sanajan Boga Masalah Kaséhatan

 Saurang saksi Yéhuwa nu cicing di Afrika Selatan nu ngaranna Clodean kudu meunang operasi gedé di rumah sakit. Manéhna boga sababaraha panyakit parah sarta kudu milih parawatan kaséhatan nu cocog. Saacan jeung sanggeus operasi, manéhna téh sok ngarasa nyeri, kacapéan, jeung strés. Ampir 10 minggu sanggeus balik ka imah, manéhna ngan bisa ngagolér, teu bisaeun diuk. Terus ku lantaran pandémi COVID-19, manéhna gé teu bisa dilongok ku batur.

 Sanajan kitu, Clodean teu ngarasa dirina nu paling susah. Manéhna ngadoa ka Yéhuwa ménta supaya bisa nguatkeun batur ogé. Jadi, waktu manéhna geus bisa diuk, manéhna langsung nelepon adi tatanggana nu pernah diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, tapi ka dieunakeun eureun. Clodean ngabagikeun hal nu nguatkeun tina Alkitab nepi ka manéhna kageuing pikeun diajar Alkitab deui. Clodean ogé ngajelaskeun mangpaatna datang ka acara ibadah Saksi jeung mantuan palajar Alkitabna supaya bisa datang ka pasamoan liwat video call. Palajar Alkitabna ieu téh datang ka pasamoan, malahan mah méré koméntar waktu aya diskusi.

 Terus, Clodean ngomong ka palajar Alkitabna. Ari pék téh manéhna ogé hayangeun diajar Alkitab. Malahan manéhna méré nyaho Clodean jalma-jalma séjén anu bisa jadi hayangeun ogé diajar. Hasilna, Clodean ngajarkeun Alkitab ka opat awéwé séjénna. Tapi teu ngan éta hungkul!

Clodean

 Lantaran Clodean paduli ka batur, salila pandémi, manéhna bisa ngabantu 10 awéwé séjén pikeun diajar Alkitab. Jadi, manéhna boga 16 palajar Alkitab. Sababaraha ti maranéhna téh rutin datang ka pasamoan liwat video call. Lantaran Clodean tetep sibuk mantuan batur diajar ngeunaan Yéhuwa, manéhna jadi teu mikirkeun teuing kaayaanana. Manéhna gé ngarasa Yéhuwa téh ”Allah nu nengtremkeun haté” nu geus nguatkeun manéhna dina sagala kasusah, malahan manéhna jadi bisa nguatkeun batur ogé.​—2 Korintus 1:3, 4.

 Kumaha parasaan jalma-jalma nu diajar Alkitab jeung Clodean? Hiji ti maranéhna ngomong, ”Abdi téh meunang loba pisan mangpaat. Tapi mangpaat nu panggedéna keur abdi mah diajar ngeunaan nami Allah., Abdi jadi bisa nyobat jeung Yéhuwa.” Ari awéwé nu mimiti diajar Alkitab jeung Clodean mah ayeuna geus téréh dibaptis. Pangalaman ieu matak ngabagjakeun pisan keur Clodean. Ayeuna gé manéhna geus bener-bener cageur tina operasina.