Pindah kana eusi

Naha Ramalan-Ramalan ngeunaan Mésias Ngabuktikeun Yésus téh Mésias?

Naha Ramalan-Ramalan ngeunaan Mésias Ngabuktikeun Yésus téh Mésias?

Jawaban Alkitab

 Enya. Waktu Yésus di bumi, sababaraha ramalan ngeunaan ”Mésias, éta Pamingpin”, pribadi nu bakal jadi ”Jurusalamet saalam dunya” laksana dina diri Yésus. (Daniel 9:25, Terjemahan Dunia Baru (NW); 1 Yohanes 4:14) Malah sanggeus anjeunna maot gé, ramalan-ramalan ngeunaan Mésias terus laksana dina dirina.—Jabur 110:1; Rasul 2:34-36.

 Naon hartina ”Mésias”?

 Istilah Ibrani Mashiach (Mésias) sarua jeung kecap Yunani Khristos (Kristus), duanana boga harti ”Nu Diistrénan”. Jadi, ”Yésus Kristus” téh hartina ”Yésus nu Diistrénan” atawa ”Yésus Sang Mésias”.

 Dina jaman Alkitab, jalma nu dilantik pikeun narima kadudukan atawa wewenang nu istiméwa diistrénan ku cara sirahna dikucuran minyak. (Imamat 8:12; 1 Samuel 16:13) Allah ngalantik Yésus pikeun jadi Mésias, kadudukan nu wewenangna luhur. (Rasul 2:36) Tapi Yésus mah diistrénan ku roh suci, lain ku minyak.—Mateus 3:16.

 Naha ramalan ngeunaan Mésias bisa laksana dina sababaraha jalma?

 Henteu. Saperti sidik jari saurang jalma nu moal sarua jeung batur, laksanana ramalan Alkitab ngan bisa diwujudkeun ku saurang Mésias, atawa Kristus. Tapi Alkitab ngingetan yén ”bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge”.—Mateus 24:24.

 Naha bisa Mésias muncul dina mangsa kahareup?

 Henteu. Alkitab ngaramalkeun yén Mésias bakal lahir ti turunan Raja Daud ti Israil. (Jabur 89:4, 5) Tapi catetan ngeunaan silsilah turunan urang Yahudi ti Raja Daud geus leungit, katingalina musna basa Yérusalém ditalukkeun ku Rum dina taun 70 M. a Ti saprak harita, moal mungkin aya jalma nu bisa ngabuktikeun yén manéhna téh turunan ti Raja Daud. Sabalikna, catetan ngeunaan silsilah éta masih aya di jaman Yésus. Musuh gé teu bisa nyangkal yén Yésus téh turunan Daud.—Mateus 22:41-46.

 Aya sabaraha loba ramalan ngeunaan Mésias dina Alkitab?

 Hésé nangtukeun jumlah pastina téh. Salah sahiji alesanana nyaéta cara ngitung jumlah ramalan ngeunaan Mésias téh bisa béda-béda. Contona, Yesaya 53:2-7 nyebutkeun sababaraha ramalan ngeunaan Mésias. Aya nu nganggap ieu téh ngan hiji ramalan, nu séjénna nganggap ieu téh sababaraha ramalan nu béda-béda.

 Sababaraha ramalan ngeunaan Mésias nu laksana dina diri Yésus

Ramalan

Dicatet dina

Laksana

Turunan Ibrahim

Kajadian 22:17, 18

Mateus 1:1

Turunan Ishak putrana Ibrahim

Kajadian 17:19

Mateus 1:2-6a

Dilahirkeun ti kaom Yuda ti bangsa Israil

Kajadian 49:10

Mateus 1:1-6a

Turunan Raja Daud

Yesaya 9:7, NW

Mateus 1:1

Dilahirkeun ku saurang parawan

Yesaya 7:14

Mateus 1:18, 22, 23

Dilahirkeun di Bétléhém

Mika 5:1

Mateus 2:1, 5, 6

Disebut Immanuél b

Yesaya 7:14

Mateus 1:21-23

Awal kahirupanana téh saderhana

Yesaya 53:2

Lukas 2:7

Barudak leutik diparaéhan sanggeus anjeunna lahir

Yermia 31:15

Mateus 2:16-18

Dipanggil sina kaluar ti Mesir

Hosea 11:1

Mateus 2:13-15

Disebut urang Nasarét c

Yesaya 11:1

Mateus 2:23

Dipiheulaan ku saurang utusan

Malaki 3:1

Mateus 11:7-10

Dilantik sabagé Mésias dina taun 29 M d

Daniel 9:25, NW

Mateus 3:13-17

Diaku Putra ku Allah

Jabur 2:7

Rasul 13:32-34

Cinta ka Bait Allah

Jabur 69:10

Yohanes 2:13-17

Nguarkeun warta pikabungaheun

Yesaya 61:1

Lukas 4:16-21

Mawa caang ka urang Galiléa

Yesaya 9:1, 2

Mateus 4:13-16

Nyieun mujijat saperti Musa

Pamindo 18:15

Rasul 2:22

Nepikeun pamikiran Allah saperti Musa

Pamindo 18:18, 19

Yohanes 12:49

Nyageurkeun loba jalma

Yesaya 53:4

Mateus 8:16, 17

Teu narik perhatian ka diri sorangan

Yesaya 42:2

Mateus 12:17, 19

Welas asih ka nu sangsara

Yesaya 42:3

Mateus 12:9-20; Markus 6:34

Némbongkeun kaadilan Allah

Yesaya 42:1, 4

Mateus 12:17-20

Juru Naséhat nu Hébat

Yesaya 9:6, 7, NW

Yohanes 6:68

Ngumumkeun nami Yéhuwa

Jabur 22:22, NW

Yohanes 17:6, NW

Ngajar ngagunakeun ibarat

Jabur 78:2

Mateus 13:34, 35

Saurang Pamingpin

Daniel 9:25

Mateus 23:10

Loba nu teu percaya ka anjeunna

Yesaya 53:1

Yohanes 12:37, 38

Bakal jadi batu nu matak titajong

Yesaya 8:14, 15

Mateus 21:42-44

Ditolak ku manusa

Jabur 118:22, 23

Rasul 4:10, 11

Dipikageuleuh tanpa sabab

Jabur 69:5

Yohanes 15:24, 25

Numpak kaldé basa asup ka Yérusalém

Jakaria 9:9

Mateus 21:4-9

Dipuji ku barudak leutik

Jabur 8:3

Mateus 21:15, 16

Datang ku nami Allah Yéhuwa

Jabur 118:26

Yohanes 12:12, 13

Dihianatan ku hiji sobatna

Jabur 41:10

Yohanes 13:18

Dihianatan ngan demi 30 geblég perak e

Jakaria 11:12, 13

Mateus 26:14-16; 27:3-10

Ditinggalkeun ku babaturanana

Jakaria 13:7

Mateus 26:31, 56

Dipitnah ku saksi-saksi palsu

Jabur 35:11

Mateus 26:59-61

Teu ngajawab waktu dituduh

Yesaya 53:7

Mateus 27:12-14

Diciduhan

Yesaya 50:6

Mateus 26:67; 27:27, 30

Sirahna diteunggeulan

Mika 5:1, NW

Markus 15:19

Dipecutan

Yesaya 50:6

Yohanes 19:1

Teu ngabales waktu diteunggeulan

Yesaya 50:6

Yohanes 18:22, 23

Para pamingpin sakongkol ngalawan anjeunna

Jabur 2:2

Lukas 23:10-12

Leungeun jeung sukuna dipakukeun kana tihang

Jabur 22:17

Mateus 27:35; Yohanes 20:25

Papakéanana dilotrékeun

Jabur 22:19

Yohanes 19:23, 24

Dianggap penjahat

Yesaya 53:12, NW

Mateus 27:38

Dileléwé, dihina

Jabur 22:8, 9

Mateus 27:39-43

Sangsara demi jalma-jalma dosa

Yesaya 53:5, 6

1 Petrus 2:23-25

Katingalina siga nu ditinggalkeun ku Allah

Jabur 22:2

Markus 15:34

Diasongan cuka jeung hamperu pikeun diinum

Jabur 69:22

Mateus 27:34

Halabhab saacan maot

Jabur 22:16

Yohanes 19:28, 29

Masrahkeun nyawana ka Allah

Jabur 31:6

Lukas 23:46

Ngorbankeun kahirupanana

Yesaya 53:12

Markus 15:37

Jadi tebusan pikeun nyingkirkeun dosa

Yesaya 53:12

Mateus 20:28

Tulangna teu aya nu dipotongkeun

Jabur 34:21

Yohanes 19:31-33, 36

Ditumbak

Jakaria 12:10

Yohanes 19:33-35, 37

Dimakamkeun bareng jeung nu beunghar

Yesaya 53:9

Mateus 27:57-60

Dihirupkeun deui

Jabur 16:10

Rasul 2:29-31

Jalma nu hianat ka Yésus digantikeun

Jabur 109:8

Rasul 1:15-20

Diuk di katuhueun Allah

Jabur 110:1

Rasul 2:34-36

a Buku Cyclopedia karya McClintock jeung Strong nyebutkeun yén katingalina catetan ngeunaan suku bangsa sarta kulawarga Yahudi téh musna basa Yérusalém diancurkeun, lainna saacanna.

b Ngaran Immanuél téh tina basa Ibrani nu hartina ”Urang Disarengan ku Allah”. Ngaran ieu ngagambarkeun tugas Yésus sabagé Mésias. Kadatangan anjeunna ka bumi jeung mujijat-mujijatna ngabuktikeun yén Allah nyarengan umat-Na.—Lukas 2:27-32; 7:12-16.

c Istilah ”urang Nasarét” katingalina asalna tina kecap Ibrani netser, nu hartina ”sirung”.

d Pikeun rincian ngeunaan kajadian taun 29 M sabagé taun datangna Mésias, tingali artikel ”Nubuat Daniel tentang Kedatangan Mesias”.

e Ramalan ieu aya di buku Jakaria, tapi Mateus nu nulisna ngomong yén ieu téh ”ucapan Nabi Yermia”. (Mateus 27:9) Katingalina buku Yermia sok ditempatkeun pangmimitina dina bagian ”Kitab Nabi-Nabi” nu aya di Kitab Suci. (Lukas 24:44) Bisa jadi Mateus nyebutkeun ”Yermia” pikeun ngamaksudkeun sakabéh kitab nabi-nabi, nu ngamuat buku Jakaria ogé.