Pindah kana eusi

Naha Enya Judi téh Dosa?

Naha Enya Judi téh Dosa?

Jawaban Alkitab

 Sanajan Alkitab teu ngajelaskeun ngeunaan judi sacara rinci, urang bisa ningali tina prinsip-prinsip Alkitab yén dina pandangan Allah, judi téh dosa.​—Epesus 5:17. a

  •   Judi téh dijurung ku sipat sarakah, sipat nu dipikaijid ku Allah. (1 Korinta 6:9, 10; Epesus 5:3, 5) Jalma nu judi ngarepkeun meunang duit ti nu éléh, padahal Alkitab ngalarang urang mikahayang naon-naon nu milik batur.​—Budalan 20:17; Rum 7:7; 13:9, 10.

  •   Sanajan leutik-leutikan, judi bisa numuwuhkeun sipat beuki kana duit.​—1 Timoteus 6:9, 10.

  •   Nu judi osok ngadu untung jeung percaya kana tahayul. Tapi, Allah nyaruakeun éta siga nyembah ka déwa-déwa, ieu teu luyu jeung ibadah sajati.​—Yesaya 65:11.

  •   Alkitab ngajurung urang pikeun upaya enya-enya, lainna meunangkeun hiji hal tanpa upaya. (Pandita 2:24; Epesus 4:28) Jalma nu ngalarapkeun naséhat Alkitab bisa ngadahar nu ”beunang ladang kesang sorangan”.​—2 Tesalonika 3:10, 12.

  •   Judi bisa nyababkeun urang boga sikep pasaing-saing, padahal hal ieu dilarang ku Alkitab.—Galata 5:26, NW.

a Dina Alkitab, judi ngan dicaritakeun waktu serdadu Rum ngabagikeun pakéan Yésus ku ”lotré”, atawa judi.​—Mateus 27:35; Yohanes 19:23, 24.