Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kumaha Carana Supaya Anjeun teu Kacanduan Alkohol?

Kumaha Carana Supaya Anjeun teu Kacanduan Alkohol?

 Sababaraha jalma nginum alkohol waktu keur strés, ngarasa sorangan, atawa keur bosen. Ari anjeun kumaha? Naha ayeuna anjeun nginum alkohol leuwih loba tibatan biasana? Mun enya, kumaha supaya anjeun bisa tetep ngadalikeun diri jeung teu nepi ka kacanduan? Hayu tingali sababaraha informasi nu bisa ngabantu anjeun supaya teu kacanduan.

 Sakumaha loba nginum alkohol nu sacukupna téh?

 Ceuk Kitab Suci: ”Poma ulah pipilueun jeung jalma-jalma anu barareuki teuing anggur.”​—Siloka 23:20.

 Pikirkeun: Kitab Suci teu ngalarang urang nginum alkohol sacukupna. (Pandita 9:7) Tapi Kitab Suci teu ngajurung urang nginum loba teuing alkohol, komo deui lamun nepi ka mabok. (Lukas 21:34; Éfésus 5:18; Titus 2:3) Meureun anjeun ngarasa anjeun mah teu nginum alkohol nepi ka mabok. Tapi lamun anjeun nginum loba teuing, anjeun bisa nyieun putusan nu goréng, ngabahayakeun kaséhatan sarta hubungan anjeun jeung batur.​—Siloka 23:29, 30.

 Pamaréntah di sababaraha nagri méré nyaho siga kumaha nginum alkohol nu sacukupna téh jeung siga kumaha nginum alkohol nu loba teuing. Jadi maranéhna nyieun aturan ngeunaan sakumaha loba saurang jalma meunang nginum alkohol dina sapoé, sarta sabaraha poé dina saminggu saurang jalma meunang nginum. a Tapi, pangaruh alkohol ka unggal jalma téh béda-béda, malah mah aya jalma nu sakuduna teu meunang nginum alkohol. Ceuk Organisasi Kesehatan Dunia:

 ”Sakapeung, nginum sagelas atawa dua gelas téh geus leuwih ti cukup—misalna:

  •   Mun rék nyetir atawa ngagunakeun mesin.

  •   Mun keur ngandung atawa nyusuan budak.

  •   Mun keur rutin nginum obat.

  •   Mun anjeun boga panyakit.

  •   Mun sakalina nginum, anjeun sok hésé eureun.”

 Ciri-ciri anjeun geus kacanduan alkohol

 Ceuk Kitab Suci: ”Lenyepan lalampahan urang.”​—Tangis Yermia 3:40

 Pikirkeun: Alkohol bisa mawa loba pangaruh goréng. Supaya anjeun teu ngarasakeunana, anjeun kudu mariksa kabiasaan nginum anjeun jeung nyieun parobahan lamun perlu. Di handap ieu aya ciri-ciri jalma nu geus kacanduan alkohol.

  •   Anjeun kudu nginum alkohol supaya senang. Anjeun ngarasa anjeun kudu nginum supaya tenang, bisa laluasa ngobrol jeung batur, atawa supaya bisa senang-senang. Pas aya masalah, anjeun jadi beuki hayang nginum.

  •   Anjeun leuwih loba nginum alkohol ti biasana. Anjeun leuwih sering nginum, terus anjeun gé jadi beuki kuat nginum. Anjeun kudu nginum inuman nu kadar alkoholna leuwih gedé supaya bisa ngarasakeun éfék nu sarua siga saacanna.

  •   Kabiasaan nginum anjeun mawa masalah di imah atawa di pagawéan. Misalna, duit nu dibéakkeun pikeun meuli alkohol jauh leuwih loba tibatan panghasilan anjeun.

  •   Sanggeus nginum, anjeun ngalakukeun hal-hal nu bisa ngabahayakeun siga nyetir, ngojay, atawa ngagunakeun mesin.

  •   Batur mulai hariwang kana kabiasaan nginum anjeun. Waktu aya nu ngomong kitu ka anjeun, anjeun kalah ka jadi ambek. Anjeun mulai susulumputan nginumna, atawa anjeun mulai ngawadul ngeunaan sakumaha loba nu anjeun inum.

  •   Anjeun hésé ngeureunkeun kabiasaan nginum. Anjeun geus pernah nyobaan ngurangan nginum atawa nyobaan eureun nginum, tapi anjeun teu sanggup.

 Lima saran nu bisa ngabantu anjeun supaya teu kacanduan

 1. Jieun rencana.

 Ceuk Kitab Suci: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.”​—Siloka 21:5.

 Pék cobaan: Dina saminggu, pék pilih dina poé naon waé anjeun hayang nginum. Jieun watesan nu asup akal, rék sakumaha loba nginumna. Dina minggu éta, tangtukeun sahenteuna 2 poé anjeun moal nginum.

 Ceuk hiji lembaga nu paduli kana kabiasaan nyalahgunakeun alkohol di Inggris, ”Mun anjeun embung kacanduan, anjeun kudu boga jadwal rutin iraha waé anjeun moal nginum.”

 2. Laksanakeun rencana anjeun.

 Ceuk Kitab Suci: ”Réngsékeun naon nu geus dimimitian.”​—2 Korintus 8:11.

 Pék cobaan: Tangtukeun sagedé kumaha gelas nu rék dipaké keur nginum alkohol, supaya anjeun bisa apal geus sabaraha loba anjeun nginum. Pék téangan inuman séhat nu euweuh kadar alkoholna jeung simpen di tempat nu kaciri.

 Laporan Institut Penyalahgunaan dan Kecanduan Alkohol Nasional Amerika Serikat nyebutkeun, ”Parobahan-parobahan leutik nu anjeun jieun téh mangpaatna gedé, anjeun moal babari meunang masalah nu disababkeun ku alkohol.”

 3. Sing pengkuh kana putusan anjeun.

 Ceuk Kitab Suci: ”Lamun aranjeun ngomong ”Enya” kudu enya, lamun ”Henteu” kudu henteu.”​—Yakobus 5:12.

 Pék cobaan: Meureun ka hareupna bakal aya nu nawaran nginum ka anjeun. Jadi saacan éta kajadian, pék pikirkeun kumaha cara nolak nu sopan, bari tetep teges.

 Laporan Institut Penyalahgunaan dan Kecanduan Alkohol Nasional Amerika Serikat nyebutkeun, ”Lamun anjeun gancang nolak tawaranana, anjeun moal babari kagoda.”

 4. Pikirkeun mangpaatna.

 Ceuk Kitab Suci: ”Ahir tina hiji perkara leuwih hade ti batan ngamimitianana.”​—Pandita 7:8.

 Pék cobaan: Tuliskeun naon waé mangpaatna lamun anjeun bisa ngadalikeun kabiasaan anjeun nginum alkohol. Misalna saré leuwih tibra, hirup leuwih séhat, anjeun bisa ngahémat duit, sarta hubungan anjeun jeung batur jadi leuwih alus. Waktu nyaritakeun putusan anjeun ka batur, caritakeun mangpaatna, lain tangtanganana.

 5. Pénta bantuan ti Allah.

 Ceuk Kitab Suci: ”Dina kaayaan nu kumaha baé ogé kuring sanggup nyanghareupanana lantaran dibéré kakuatan ku Allah.”​—Filipi 4:13.

 Pék cobaan: Mun anjeun hariwang kana kabiasaan nginum alkohol, anjeun bisa ngadoa ménta bantuan ti Allah. Pénta bantuan supaya anjeun bisa tetep kuat jeung bisa ngadalikeun diri. b Anjeun ogé kudu nyadiakeun waktu pikeun néangan naséhat-naséhat alus nu bisa ngabantu anjeun tina firman-Na, nyaéta Alkitab. Mun anjeun terus ngandel ka Gusti, Anjeunna bakal ngabantu anjeun supaya teu kacanduan alkohol.

a Misalna, Departemen Kesehatan dan Layanan Masyarakat Amerika Serikat nyebutkeun anu siga kumaha nginum nu loba teuing. Nginum alkohol anu loba teuing ”keur awéwé téh nyaéta leuwih ti 4 gelas dina sapoé atawa leuwih ti 8 gelas dina saminggu. Ari keur lalaki mah leuwih ti 5 gelas dina sapoé, atawa leuwih ti 15 gelas dina saminggu.” Takeran dina unggal nagri téh béda-béda, jadi anjeun bisa nanya ka dokter heula ngeunaan sakumaha loba anjeun meunang nginum.

b Mun anjeun teu sanggup ngadalikeun kabiasaan nginum alkohol, anjeun bisa ménta bantuan ka para ahli.