Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Na Homoséks téh Salah?

Na Homoséks téh Salah?

 ”Masalah abdi nu pangbeuratna téh nyaéta abdi resep ka sasama jinis. Baheula abdi mikir, ’Ah, engké gé mun geus déwasa moal kitu deui.’ Tapi, geuningan nepi ka ayeuna teu barobah.”​—David, 23.

 David téh urang Kristen nu hayang nyenangkeun haté Allah. Tapi, bisa kitu manéhna nyenangkeun haté Allah mun resep ka sasama jinis? Kumaha sabenerna parasaan Allah kana homoséksualitas?

 Kumaha ceuk Alkitab?

 Pandangan jalma-jalma kana homoséksualitas téh béda-béda, gumantung kana daérah jeung jamanna. Tapi, urang Kristen mah teu kabawakeun ku pandangan kalolobaan jalma. Urang Kristen ”teu katiup ka ditu ka dieu ku angin pangajaran palsu”. (Éfésus 4:14) Pandangan urang Kristen kana homoséksualitas (jeung hal-hal séjén nu sarupa kitu) téh dumasar kana patokan nu geus ditetepkeun dina Alkitab.

 Patokan dina Alkitab ngeunaan homoséksualitas téh geus jelas. Firman Allah nyebutkeun:

  •  ”Teu meunang jima [ngalakukeun hubungan séks] jeung papada lalaki, eta kalakuan pikacuaeun Allah.”​—Imamat 18:22.

  •  ”Lantaran maranéhna hayang nurutkeun hawa napsuna, . . . ku Allah maranéhna diantep ngumbar napsu séksualna nu bejad. Nu awéwé ngalakukeun hubungan nu teu lumrah.”​—Roma 1:24, 26.

  •  ”Ulah katipu. Jalma nu ngalakukeun lampah cabul, nu nyembah berhala, nu jinah, lalaki nu daék diajak hubungan séks ku lalaki deui, lalaki nu ngalakukeun homoséks, maling, jalma nu sarakah, tukang mabok, tukang ngahina, jeung tukang meres moal ngawaris Pamaréntahan Allah.”​—1 Korintus 6:9, 10.

 Kabéh manusa téh teu sampurna, jadi sakapeung urang hayang ngalakukeun nu salah. Tapi, urang kudu nahan diri supaya bisa nyenangkeun Allah.​—Kolose 3:5.

 Naha éta hartina . . . ?

 Naha éta hartina Alkitab ngajar urang pikeun ngéwa ka jalma nu resep ka sasama jinis?

 Henteu. Ceuk Alkitab, urang teu meunang ngéwa ka kabéh jalma, boh ka nu resep ka sasama jinis boh ka nu resep ka lawan jinis. Sabalikna, ”sing akur jeung kabéh jalma”, teu sual kumaha cara hirupna. (Ibrani 12:14) Jadi, urang teu meunang ngéwa, nindes, atawa ngalakukeun hal-hal jahat naon waé ka jalma nu resep ka sasama jinis.

 Naha éta hartina urang Kristen kudu ngalawan hukum nu ngidinan perkawinan sasama jinis?

 Alkitab nunjukkeun yén perkawinan nu bener dina pandangan Allah téh nyaéta antara saurang lalaki jeung saurang awéwé. (Matius 19:4-6) Pamaréntah manusa nyieun hukum ngeunaan perkawinan sasama jinis téh demi kapentingan pulitik, lain dumasar kana Firman Allah. Ceuk Alkitab, urang Kristen téh kudu nétral sacara pulitik. (Yahya 18:36) Jadi, urang Kristen moal ngadukung atawa ngalawan hukum pamaréntah ngeunaan perkawinan sasama jinis atawa hubungan homoséksual.

 Tapi kumaha lamun . . . ?

 Tapi kumaha lamun saurang jalma pernah ngalakukeun hubungan homoséks? Manéhna bisa barobah teu?

 Bisa. Dina abad kahiji gé aya urang Kristen anu ngalakukeun hubungan homoséks. Alkitab nyebutkeun, jalma nu ngalakukeun hubungan homoséks moal ngawaris Pamaréntahan Allah. Tapi sanggeus nyebutkeun hal éta, Alkitab gé nyebutkeun, ”Sababaraha ti aranjeun téh baheula siga kitu.”​—1 Korintus 6:11.

 Lamun saurang jalma geus teu ngalakukeun homoséks deui, naha éta hartina manéhna geus teu resep ka sasama jinis? Can tangtu. Alkitab nyebutkeun, ”Paké kapribadian nu anyar ti Allah nu dihasilkeun waktu aranjeun bener-bener kenal ka Anjeunna. Ku kituna, kapribadian aranjeun dianyarkeun.” (Kolose 3:10) Butuh waktu supaya saurang jalma bisa barobah.

 Tapi kumaha lamun saurang jalma nu hayang nuturkeun patokan ti Allah masih resep ka sasama jinis?

 Sarua siga jalma nu boga kahayang-kahayang goréng séjénna, jalma nu resep ka sasama jinis gé bisa milih pikeun teu nuturkeun kahayang éta. Ceuk Alkitab, ”Terus tuturkeun bingbingan kawasa suci. Ku kituna, aranjeun moal sakali-kali acan nuturkeun kahayang awak nu dosa.”​—Galatia 5:16.

 Perhatikeun, dina ayat éta teu disebutkeun yén saurang jalma moal boga kahayang nu goréng deui. Tapi, lamun manéhna getol diajar Alkitab jeung ngadoa, manéhna bakal boga kakuatan pikeun ngalawan kahayang goréng éta.

 David nu tadi dicaritakeun ngarasakeun benerna hal éta. Manéhna carita ka kolotna ngeunaan masalahna. Ceuk David, ”Asa plong pisan! Coba mun ti baheula abdi carita, pasti masa rumaja abdi leuwih pikaresepeun.”

 Urang yakin patokan-patokan Allah Yéhuwa téh bener. Mun dituturkeun, urang pasti bagja jeung narima loba berkah.​—Jabur 19:9, 12.