Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Bisa Fokus?

Kumaha Supaya Abdi Bisa Fokus?

 Ku naon abdi téh sok teu fokus?

 ”Baheula mah abdi téh resep maca buku, tapi ayeuna mah boro-boro. Maca paragrap panjang gé sok horéam.”​—Elaine.

 ”Mun keur nongton vidéo, terus caritana téh asa lila pisan, vidéona téh ku abdi sok dipaju-pajukeun.”​—Miranda.

 ”Mun hp disada, najan abdi téh keur ngalakukeun pagawéan nu penting, nu aya di pikiran téh ngan: ’Saha nya nu ngirim chat?’”—Jane.

 Na téknologi bisa nyieun urang hésé fokus? Aya nu ngarasa kitu. Ceuk Nicholas Carr, saurang konsultan manajemén jeung nu nulis buku, ”Beuki sering urang ngagunakeun Internét, otak urang téh jadi leuwih gampang kasimpangkeun. Ku lantaran urang gancang narima informasi nu aya, bari jeung teu bener-bener merhatikeun naon eusi informasina.” a

 Perhatikeun kumaha téknologi bisa ngaganggu anjeun dina tilu kaayaan ieu.

  •   Pas keur ngobrol. Ceuk budak ngora nu ngaranna Maria, ”Najan keur ngobrol gé, jalma-jalma téh sok maén hp. Maranéhna chatting-an, maén game, atawa ningalian média sosial. Ari batur di hareupeun mah kalah ka diculkeun.”

  •   Pas keur di sakola. Ceuk buku Digital Kids, ”Pas jam palajaran, loba barudak sakola ngagunakeun alat éléktronik pikeun chatting-an, maén Internét, atawa ningalian informasi-informasi anu euweuh hubunganana jeung palajaran.”

  •   Pas keur diajar. ”Mun handphone disada téh, teu bisa diantep, kudu ditingali,” ceuk Chris nu umurna 22 taun. Lamun anjeun budak sakola, tugas anu sakuduna bérés dina sajam, bisa jadi tilu jam atawa leuwih lantaran hayoh wé ningalian handphone.

 Palajaran penting: Lamun urang dikadalikeun ku téknologi, urang téh moal bakal bisa fokus.

Pikiran nu teu fokus téh, ibarat kuda liar nu teu bisa dikadalikeun

 Kumaha supaya urang bisa leuwih fokus?

  •   Pas keur ngobrol. Ceuk Alkitab, ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.” (Pilipi 2:4) Jadi lamun urang ngahargaan batur, urang bakal bener-bener ngadéngékeun manéhna. Urang bisa ningali panonna jeung ulah ningalian handphone waé.

     ”Mun keur ngobrol, ulah hayang ningalian waé handphone. Hargaan batur nu keur ngomong ku cara bener-bener ngadéngékeun manéhna.”​—Thomas.

     SARAN: Mun keur ngobrol, teundeun handphone di tempat nu teu katingali. Ceuk para ahli, mun katingali wéh aya handphone urang sok jadi teu fokus, pasti bakal ngaganggu urang.

  •   Pas keur di sakola. Ceuk Alkitab, ”Darengekeun enya-enya.” (Lukas 8:18) Jadi najan di sakola urang bisa muka Internét, tapi lamun pas keur diajar, ulah mariksa pesen nu asup, ulah maén game atawa ulah chatting jeung batur.

     ”Lamun keur diajar perhatikeun enya-enya, jieun catetan, malah mun bisa mah urang diuk di hareup, supaya teu gampang ka ganggu.”​—Karen.

     SARAN: Ti batan urang nyieun catetan dina komputer, mending urang nyatetna dina buku. Para ahli nyebutkeun, lamun urang ngalakukeun hal ieu, urang moal gampang kasimpangkeun. Jeung urang ogé bakal leuwih inget ka palajaran anu geus urang tarima.

  •   Pas keur diajar. Ceuk Alkitab, ”Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti.” (Siloka 4:5) Jadi palajaran téh teu ngan saukur dibaca supaya lulus hungkul, tapi usahakeun urang ngarti kana palajaranana.

     ”Pas keur diajar abdi nyetél tablét abdi ka mode pesawat, jadi abdi teu gampang kaganggu. Abdi gé teu mariksa pesen nu asup. Pas diajar gé, waktu aya hal-hal nu penting, ku abdi langsung dicatet.”​—Chris.

     SARAN: Pastikeun tempat diajar urang téh bersih jeung rapih, supaya urang teu gampang disimpangkeun.

a Tina buku The Shallows—What the Internet Is Doing to Our Brains.