Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Abdi Kudu Kumaha Lamun Meunang Pelécéhan Séksual?

Abdi Kudu Kumaha Lamun Meunang Pelécéhan Séksual?

 Naon pelécéhan séksual téh?

 Pelécéhan séksual téh kalakuan naon waé nu aya patalina jeung séks nu nyieun risi batur. Éta téh kaasup cubak-cabak awak batur atawa ngomong jorang. Bisa jadi jalma nu ngalakukeunan hayang akrab jeung nunjukeun perhatian ka anjeun, padahal mah kalakuan siga kitu téh bahaya.

 Naha anjeun téh geus jadi korban pelécéhan séksual? Pék jawab  kuis ngeunaan pelécéhan séksual di handap ieu!

 Hanjakalna, anjeun bisa kénéh ngalaman pelécéhan séksual sanajan geus lulus sakola. Lamun ti ayeuna anjeun diajar carana nyanghareupan pelécéhan séksual, anjeun bakal siap lamun engké panggih jeung jalma siga kitu di tempat gawé. Malahan, anjeun bisa ngalindungan batur supaya teu dilécéhkeun ogé!

 Kumaha mun abdi geus jadi korban pelécéhan séksual?

 Lamun anjeun apal nu siga kumaha pelécéhan séksual téh jeung kudu kumaha lamun dilécéhkeun, anjeun moal jadi korban deui! Perhatikeun tilu kaayaan di handap jeung cara nyanghareupanana.

 KAAYAAN:

”Di tempat gawé, aya sababaraha bapa-bapa anu sok muji mun abdi téh geulis. Maranéhna ngomong, ”Coba urang téh 30 taun leuwih ngora.” Malah aya hiji bapa-bapa anu leumpang di tukangeun abdi tuluy ngambeu buuk abdi!”​—Tabitha, 20.

 Tabitha meureun mikir: ’Meureun maranéhna bakal eureun mun abdi teu ngawaro jeung cicing waé.’

 Ku naon pamikiran éta téh salah: Para ahli ngomong, mun jalma nu dilecehkeun téh cicing wae, jalma nu ngalécéhkeun téh bisa jadi katutuluyan, malahan mah bisa jadi leuwih parah.

 Pék cobaan: Ngomong sing jelas bari tetep tenang ka jalma anu ngalécéhkeun anjeun lamun anjeun ijid kana kalakuan atawa omonganana. Taryn nu umurna 22 taun nyebutkeun, ”Lamun aya jalma nu nyubak-nyabak abdi, abdi bakal ngomong ka manéhna ’Ulah nyabakan abdi deui.’ Biasana jalma éta bakal reuwaseun.” Lamun jalma nu ngalécéhkeun téh teu ngadéngékeun, anjeun kudu teges jeung ulah nyerah. Alkitab méré naséhat ngeunaan ngajaga standar moral anu luhur ”Jadi asak rohani jeung boga kayakinan nu pengkuh.”​—Kolose 4:​12.

 Kumaha mun jalma nu ngalécéhkeun téh ngancem bakal nyilakakeun anjeun? Lamun kitu, tong disanghareupan ku sorangan. Geura indit ti dinya jeung penta bantuan ti jalma nu bisa dipercaya.

 KAAYAAN:

”Waktu abdi kelas genep, aya dua awéwé nu nyekel leungeun abdi di jalan. Hiji ti maranéhna téh lesbian jeung manéhna hayang bobogohan jeung abdi. Najan abdi geus nolak, maranéhna teterusan ngalécéhkeun abdi di jam istirahat. Hiji waktu, maranéhna nepi ka ngadorong abdi kana témbok!”​—Victoria, 18.

 Victoria bisa jadi mikir: ’Lamun abdi bébéja ka batur, engké batur bakal nganggap abdi téh lemah. Sigana moal aya nu percaya ka abdi.’

 Ku naon pamikiran éta téh salah: Lamun anjeun teu méré béja batur, jalma nu ngalécéhkeun bisa teterusan ngalécéhkeun anjeun, malahan ka batur ogé.​—Pandita 8:11.

 Pék cobaan: Téangan bantuan. Kolot jeung guru bisa ngabantuan urang nyanghareupan jalma nu ngalécéhkeun. Tapi, kumaha mun batur nyapirakeun masalahna? Pék cobaan: Unggal anjeun dilécéhkeun, tuliskeun sacara rinci kajadianana kaasup poé, jam, tempat, jeung omongan manéhna. Béré salinanana ka kolot atawa guru anjeun. Loba jalma leuwih nganggap sérius masalah nu ditulis tibatan nu dicaritakeun langsung.

 KAAYAAN:

”Abdi téh sieun pisan ka saurang budak lalaki ti tim olahraga rugbi. Manéhna téh jangkung pisan ampir dua méter, beuratna gé ampir 135 kilogram! Manéhna mikir, manehna bisa ngalakukeun hubungan séks jeung abdi. Salila sataun, manéhna terus ngagoda abdi unggal poé. Hiji poé, di kelas téh ngan aya urang duaan. Tuluy, manéhna téh mulai ngadekeutan abdi. Abdi buru-buru ngaberetek lumpat ka luar kelas.”​—Julieta, 18.

 Julieta meuren mikir: ’Budak lalaki mah mémang kitu.’

 Ku naon pamikiran éta téh salah: Jalma nu ngalécéhkeun moal ngarobah kalakuanana mun urang mikir kalakuanana téh hal nu biasa.

 Pék cobaan: Nolakna ulah bari heureuy atawa sura-seuri. Pastikeun sikep jeung réaksi beungeut urang téh sérius, jelas nunjukeun naon nu meunang jeung teu meunang keur urang.

 Abdi kudu kumaha?

 KISAH NYATA 1:

”Abdi mah teu resep kasar ka batur. Jadi waktu aya barudak lalaki anu teterusan ngalécéhkeun abdi, abdi bakal nitah maranéhna euren. Memang abdi teu pati teges, malahan ngomongna téh bari sura-seuri. Meuren manéhna mikir, abdi téh keur ngagoda.”​—Tabitha.

  •   Lamun anjeun jadi Tabitha, bakal kumaha cara anjeun nyanghareupan jalma nu ngalécéhkeun éta? Ku naon?

  •   Naon nu bisa nyieun jalma nu ngalécéhkeun nyangka mun anjeun téh keur ngagoda maranéhna?

 KISAH NYATA 2:

”Mimitina téh sababaraha lalaki dina kelas olahraga di sakola ngomongkeun hal nu teu pantes. Salila sababaraha minggu abdi teu ngawaro omongan maranéhna, tapi hal ieu kalah ka jadi beuki parah. Maranéhna nepi ka diuk di sabeulah abdi jeung nangkeup abdi ti gigir. Abdi ngaleupaskeun leungeun maranéhna, tapi maranéhna kitu deui. Ahirna, hiji ti maranéhna méré abdi surat nu eusina teu pantes pisan. Abdi mikeun suratna ka guru abdi, tuluy lalaki éta teu diidinan asup ka sakola keur sababaraha waktu. Abdi karék sadar, sakuduna ti mimiti abdi ménta bantuan ti guru!”​—Sabina.

  •   Ceuk anjeun, ku naon ti mimiti Sabina teu ménta bantuan ti guruna? Naha Sabina geus nyieun putusan nu alus? Ku naon sarta ku naon heunteu?

 KISAH NYATA 3:

”Adi lalaki abdi, Greg, disampeurkeun ku saurang lalaki di toilet. Budak lalaki éta ngadeukeutan Greg tuluy ngomong, ’Cium abdi’. Greg embungeun, tapi budak lalaki éta gé embungeun indit. Malah, Greg kudu ngadorong budak lalaki éta supaya ngajauh ti manéhna.”​—Suzanne.

  •   Ceuk anjeun, Greg téh korban pelécéhan séksual lain? Ku naon sarta ku naon heunteu?

  •   Ku naon budak lalaki téh sok asa-asa bébéja mun dilécéhkeun ku budak lalaki ogé?

  •   Naha anjeun satuju kana cara Greg nyanghareupan kaayaan éta? Mun anjeun jadi Greg, anjeun rék kumaha?

Tingali leuwih loba: Mangga pariksa buku Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis, Jilid 1 pasal 32 nu judulna ”Bagaimana Aku Melindungi Diri dari Pemangsa Seksual?