Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Mun Peunteun Urang Goréng di Sakola?

Kumaha Mun Peunteun Urang Goréng di Sakola?

 ”Pas guru keur nerangkeun, aya sababaraha batur sakelas nu teu merhatikeun jeung kalah ka ngadéngékeun lagu maké headset. Tapi maranéhna maké héran sagala pas meunang peunteun goréng! Tapi aya ogé nu jiga urang, diajarna mah geus getol pisan, tapi angger wé peunteunna goréng. Sabenerna naon sih nu salah téh? Nya sedih atuh geus diajar sapeupeuting, tapi peunteun kénéh-kénéh goréng.”​—Yolanda.

 Anjeun pernah ngarasa kitu teu? Ulah nyerah. Mémang mun meunang peunteun goréng, komo deui mun sering mah, anjeun bisa kuciwa.

 Mun meunang peunteun goréng, aya budak ngora nu pasrah. Malah, sok aya nu embung sakola deui. Meureun anjeun gé pernah ngarasa kitu, tapi sabenerna mah aya jalan kaluarna. Perhatikeun genep cara supaya anjeun bisa meunang peunteun nu leuwih alus.

 Nu bisa dilakukeun ku anjeun

  •   Ulah sok bolos. Meureun katingalina mah hal ieu teu kudu dibahas deui. Tapi mun sering teuing bolos, peunteun anjeun pasti goréng.

     ”Di sakola, nu sok bolos téh biasana budak nu teu paduli kana peunteunna. Mun kitu mah sarua jiga néang masalah sorangan.”​—Matthew.

     Naséhat Kitab Suci, ”Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.”​—Galata 6:7.

  •   Perhatikeun pas guru nerangkeun. Awak jeung pikiran téh kudu sajalan. Ulah awak aya di kelas, ari pikiran ka mamana. Jieun catetan. Pas guru keur nerangkeun, perhatikeun. Mun aya nu teu ngarti, pék tanya.

     ”Mun teu ngarti, urang sok nanya. Guru bakal nerangkeun leuwih jéntré mun aya muridna nu teu ngartieun.”​—Olivia.

     Naséhat Kitab Suci, ”Darengekeun enya-enya.”​—Lukas 8:18.

  •   Tong sok nyonték. Éta téh teu jujur. Nyonték téh rupa-rupa carana, salah sahijina nyaéta nyalin pagawéan batur. Geus mah teu jujur, anjeun gé moal meunang mangpaat nanaon.

     ”Lamun aya nu teu bisa dijawab pas ulangan, ulah nyonték jawaban batur. Éta téh euweuh mangpaatna. Urang jadi ngandelkeun batur terus, engkéna urang jadi teu bisa ngaréngsékeun masalah sorangan.”​—Jonathan.

     Naséhat Kitab Suci, ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae.”​—Galata 6:4.

  •   Gawékeun heula PR. Mun bisa mah, saacan ulin atawa ngalakukeun nu séjén, gawékeun heula PR. a Mun PR geus bérés mah, rék nanaon gé jadi leuwih jongjon!

     ”Pokona mah urang pasti ngagawékeun PR. Peunteun-peunteun jadi leuwih alus. Pas balik ka imah, mémang hayangna mah langsung saré atawa ngadéngékeun lagu. Tapi, urang sabisa-bisa ngagawékeun heula PR, kakara reureuh.”​—Calvin.

     Naséhat Kitab Suci, ”Terang ka anu panghadena.”​—Pilipi 1:10.

  •   Pénta bantuan. Tong éra narima bantuan ti batur. Pék tanya ka kolot jeung guru kumaha supaya bisa meunang peunteun leuwih alus. Lamun boga guru lés, anjeun gé bisa nanya ka manéhna.

     ”Sok tanya langsung ka guru. Mun aya palajaran nu teu ngarti jeung hayang meunang peunteun leuwih alus, pék pénta bantuan. Engké guru gé pasti mantuan mun ningali urang bener-bener usaha.”​—David.

     Naséhat Kitab Suci, ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud.”​—Siloka 15:22.

  •   Upayakeun sabisa-bisa. Di sababaraha nagri, aya sakola nu méré soal tambahan supaya muridna meunang peunteun leuwih alus. Meureun anjeun gé bisa ngagawékeun tugas tambahan supaya peunteunna leuwih alus. Atawa mun ulangan anjeun peunteunna goréng, meureun anjeun bisa ménta rémédial ka guru.

    Hayang meunang peunteun nu alus téh jiga keur diajar maén musik. Meureun urang kudu bener-bener upaya, tapi bakal karasa hasilna.

     ”Lamun aya palajaran nu peunteunna goréng, urangna nu kudu upaya. Urang bisa nanya ka guru, aya tugas-tugas tambahan atawa bisa miluan rémédial teu supaya peunteunna leuwih alus.”​—Mackenzie.

     Naséhat Kitab Suci, ”Getol digawé téh pasti mangpaat.”​—Siloka 14:23, Terjemahan Dunia Baru.

a Pikeun nyaho carana diajar leuwih hadé, tingali artikel ”Pananya Budak Ngora . . . Kumaha Supaya Abdi Teu Kawalahan ku PR?